> MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Upami kasimpulanana teh, anu leuwih dipentingkeun dina > ngalaksanakeun ngurus nagara bisa nyejahterakeun > rahayat kalayan walatra.
Biasana lamun geus sejahtera jeung walatra, rahayat nuntut demokrasi. Ieu kacontoan ku Korsel jeung Taiwan. Baheula pangawasa dua nagara ieu satengah diktaktor, tapi akhirna jadi nagara Demokrasi sanggeus makmur jeung walaltra. Rahayatna nuntut Demokrasi. Tapi aya oge nagara sanajan geus makmur jeung walatra, tapi pangawasana tetep represif, contona Singapura (nagara kota/nagara liliput). Nagara-nagara Teluk? Makmur mah enya da puguh hasil tina minyak (lain tina gawe segut ti rakyatna), ngan teu walatra, kakayaanana numpuk digolongan pangawasa. Ieu mah lain conto nu alus. ARi nagara urang kudu kumaha? ...hehehe sami kuring oge jeung Kang Rahmat, lain nu ngilu ngatur ..... Baktos, WALUYA

