Nagara mah kedah sareng saena mah Daulah Khilafah
Islamiyah we atuh... tos kabuktosan salami 13 abad
tiasa mingpin jalmi boh muslim boh yahudi boh nasrani,
boh non muslim sanesna komo deui pan tiasa masihan
kaadilan sareng kasejahteraan ka rahayatna... atuh da
kumaha deui tiasa ngamalkeun Al-Quran pami teu nganggo
nagara mah... maenya hukum qishas sareng potong tangan
nu fardhu kifayah bade dilaksanakeun di tingkat RT?
teu lebet emutan ka abdi mah.. ;)
--- waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> > MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> > Upami kasimpulanana teh, anu leuwih dipentingkeun
> dina
> > ngalaksanakeun ngurus nagara bisa nyejahterakeun
> > rahayat kalayan walatra.
>
> Biasana lamun geus sejahtera jeung walatra, rahayat
> nuntut
> demokrasi. Ieu kacontoan ku Korsel jeung Taiwan.
> Baheula pangawasa
> dua nagara ieu satengah diktaktor, tapi akhirna jadi
> nagara
> Demokrasi sanggeus makmur jeung walaltra. Rahayatna
> nuntut
> Demokrasi. Tapi aya oge nagara sanajan geus makmur
> jeung walatra,
> tapi pangawasana tetep represif, contona Singapura
> (nagara
> kota/nagara liliput).
>
> Nagara-nagara Teluk? Makmur mah enya da puguh hasil
> tina minyak
> (lain tina gawe segut ti rakyatna), ngan teu
> walatra, kakayaanana
> numpuk digolongan pangawasa. Ieu mah lain conto nu
> alus.
>
> ARi nagara urang kudu kumaha? ...hehehe sami kuring
> oge jeung Kang
> Rahmat, lain nu ngilu ngatur .....
>
>
> Baktos,
> WALUYA
>
>
____________________________________________________________________________________
Never miss a thing. Make Yahoo your home page.
http://www.yahoo.com/r/hs