Ngiringan oge kang MJ, Leres pami urang aya di Eropa / Amerika lebet rumah sakit atanapi dokter kantun némbongkeun kartu jamsos atanapi askes. Nanging kirang leres upami disebatkeun haratis mah. Tiasa kitu sotéh pédah unggal sasih aya iuran. Anu ageungna perséntaseu tina gajih tur diwajibkeun ku pamaréntah. Nalika urang mibutuh layanan kaséhatan, anu ngokolakeun danana henteu lénglé dina mayaran tagihan ti dokter atanapi rumah sakit.
Dina potongan gajih téh aya: - pajak -> pikeun pamaréntahan, pangwangunan fasilitas, atikan. - asuransi kasehatan -> pikeun lamun mibutuh layanan kaséhatan. - asuransi sosial -> pikeun lamun leungiteun pakasaban, teu boga imah,. Total potonganana, di Jerman dugi 40% kanggo nu bujangan, atanapi 25% kanggo nu tos rarabi. Salam, Dian. On 07/01/2008, mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Miluan ah Klaim yen amerika negeri islami, kungsi oge diposting di milis pangulinan ku dosen nu keur ngablu ka amrik. Oge nu keur di eropah-utamana memang eropa kulon. Intina lain di soal ideologi atawa agamana, tapi estuning dina prak2anana. Siga masalah disiplin, antri, teu miceun runtah sembarangan, teu korupsi, tertib, aman, jsb. Nu kairong ku nu keur nyaba ti urang mah, enya, kudu kitu atawa siga nagara islam nu geus "jadi". Cek bambang sugiharto, modernisasi teh, awalna di cina, booming di eropa/amerika, eusina? Islam! Maksudna ka dinya, kana sistemna nu hade, bener jeung diterapkeun kalawan daria pikeun kamaslahanatan umat. Siga sistem jaminan sosial, nu teu walakaya atawa nu sangsara, boga kartu jaminan sosial, rumah sakit, jsb haratis-jadi teu katunggara. Islam pisan pan eta kitu teh.

