Cek cenah, jelema sarieun atawa teu panuju nagara make konsep islam, sabab dianggapna baris diterapkeun ka sakabeh warga. Aya Babah -maksudna cina lalaki kolot- dina puisi remi silado nyarita, sieun disunatan! Haha. kalolobana noong islam teh nu teuas jeung galakna, siga nu maling diteukteuk leungeuna, jsb. Loba pihak luar atawa jero islam oge nu teu apal kumaha jujutan sabenerna nagara islam teh.
Di malingsia mah, maca di mananya, he love, kecap Allah teh teu meunang dipake ku urang karesten atawa katolik, sabab cenah eta mah nu Islam. Heuheu. _____ From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] On Behalf Of Siti Oktaviani M Sent: Wednesday, January 09, 2008 1:13 PM To: [email protected] Subject: Re: [Urang Sunda] Amerika Negeri Islami?..atawa rahmatan lil alamin? Sebenerna mah teu janteun nagara islam ge teu nanaon, asal kalakuan warga jeung pamimpin na tos islami, pami tos kitu mah moal aya nu nentang deui mun hukum islam de dianggo jadi peraturan nagara teh. Pami ayeuna mah pan saurna weh mayoritas muslim tapi kalakuan sareng kabiasaan na jauh ti nilai-nilai islam, tapi esmosian mun islam diserang ku batur teh. Ayeuna mah kedahna generasi muda islam teh tong eleh dina kaelmuan jeung kabisa ku generasi muda na amerika, sabab saha deui nu tiasa ngangkat darajat islam lin ti generasi mudana....

