> On 1/8/08, Tessar Wardhana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Nagara mah kedah sareng saena mah Daulah Khilafah
> Islamiyah we atuh... tos kabuktosan salami 13 abad
> tiasa mingpin jalmi boh muslim boh yahudi boh nasrani,
> boh non muslim sanesna komo deui pan tiasa masihan
> kaadilan sareng kasejahteraan ka rahayatna...

Sakaterang kuring, tapi punten sanes ahli sajarah, nu ngaku khilafah 
Islamiyah teh seueur. Dingawitan ku beulahna dunya Islam, waktu Sayidina Ali 
nyepeng kekalifahan Islam. Muawiyah bin Abu Sofyan nu harita jadi gubernur 
Syria, teu ngaku kana kekalifahan nu dipimpin Sayidina Ali. Muawiyah 
ngadegkeun nyalira di Syria. Muawiyah nurunkeun kakawasaanana ka turunana. 
Turunana ieu biasa disebut DINASTI UMMAYAH. Kawasana kurang leuwih 100 taun. 
Dinasti Ummayah akhirna diruntagkeun ku turunan Paman Nabi, Abbas. Dinasti 
ieu disebut DINASTI ABBASYIAH. Tapi di Andalusia (Spanyol), Dinasti Ummayah 
masih tetep kawasa. Jadi waktu harita geus aya dua "khilafah Islamiyah", 
hiji di Bagdad (Abbasyiah) jeung hiji deui di Spanyol ( turunan DInasti 
Ummayah). Ceuk beja mah dua karajaan ieu teu akur ...

Saperti urang terang, Khilafah nu di Spanyol akhirna runtag, kitu deui nu di 
Bagdhad kusabab diserebu bangsa Mongol (duka jaman Gengis Khan duka jaman 
Kubilai Khan, hilap deui).

Beuki dieu, beuki loba nu ngaku karajaan Islam. Di Timur Tengah Turki, di 
India karajaan Mogul (??) nu kawentar ku rajana Syah Jeihan jeung Taj Mahal. 
Atuh di Indonesia oge ngadeg karajaan-karajaan Islam di abad 16-17: Banten, 
Demak, Mataram, Cirebon, Aceh .....wah sigana puluhan ...

Tah, manawi kang Tessar terang, kinten-kintenna Daulah Islmayiah mana nu 
bade dianggo referensi/conto?


Baktos,
WALUYA
 

Kirim email ke