heu..heu....leres urang mah pan dina raraga salingkuh, janten ngebut sae 
minimal ngarayap, Nu penting mah saling nyokong, ngadukung pan saeutik waktu, 
energi, niat ari dikempelkeun mah Insya Allah jadi karya. Sim kuring mah 
kontribusina mung nembe seuer tataros.
   
  hurip sunda
  Jalak Pakwan

kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
          Nuhun kana pangrojong sareng usulan salira... Ke ku abdi bade 
didugikeun ka riungan kontributor kumaha kamungkinan2ana. Perkawis ngadukung 
mulok atanapi pangajaran di sakola, kedah diperenahkeun heula di mana pasna. 
Anu kaerong ku abdi mah, upami kedah aya format atanapi rarancang husus anu 
benten ti nu tos galib, kedah disawalakeun heula naon anu dipikahoyong 
ti--sebat bae--pihak sakola. Upami tos jelas kumaha2na, nembe ditimbang2 deui 
naha ku masarakat wiki ayeuna tiasa kabadanan atanapi henteu. Margi, sanes 
nanaon, kikituan teh pan ladang salingkuh tea... heuheu... Janten, anu eta mah 
tiasa disebat proyek husus di jero salahsahiji wiki. Lajeng, kumargi sigana 
dina leresan ieu mah jejerna tangtos diwates, jadi 'produk'na henteu seueur 
teuing, sigana langkung sae upami ngalangkungan deui proses editing anu kamari 
disabit sakedik ku Ceu Etty RS.

Sakitu heula panginten. Teh Herni kumaha yeuh kamandang salira? Kamari kabujeng 
seepeun waktos yeuh...

  On 2/4/08, Jalak Pakuan wrote:            
  Kang Kumi hatur nuhun masihan gambaran ngeunaan Wikipedia. Kang Kumi naha 
arahna tiasa henteu nya janten ngawujudkeun Wikipedia Sunda Outlook 2008 nu 
eusina agenda, progress, hanca gawe Wikipedia supaya kageatan 2008 tiasa 
langkung fokus. Ti dinya asana mah para wargi babari noong, ngabantu pami aya 
nu bade ngayakeun kolaborasi oge ngaleungitkeun kamungkinan duplikasi gawe. 
Saterasne panginten ngawujudkeun sisi babari make (fungsional) sapertos 
fungsina ngadukung mulok dina kurikulum pangajaran di Bodetabek.







-- 
sikandar
kumincir.blogspot.com   

                         


Makarya Mawa Raharja

       
---------------------------------
Looking for last minute shopping deals?  Find them fast with Yahoo! Search.

Kirim email ke