Emut cariosan ayi Nata ti Simpay (nyalukan ayi da Abah Surya ngingetkeun kuring 
teh geus kolot..alah siah tuh) nu intina bosen lah loba teuing carita batan 
eksyen. Atuh jelas agenda kapayun mah ngabahas tuntas Wikipedia, fokus sadaya 
energi ngalengkepkeun jeung nyampurnakeun ti materi Wikipedia kalebet 
infrastruktur nu nyokongna.
   
  salam
  Jalak Pakwan
  
kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
          Henteu, Kang. Nuhun pisan kana pangrojongna, teu tiasa langsung 
ancrub ge ngeupanan ngeupanan atuh, katampi pisan. Mung nyaeta tea, kamari 
wengi ngobrol sareng Teh Herni. Saur anjeunna, samemeh prung ngahubungkeun 
sacara langsung proyek2 wiki kanggo ngarojong materi pangajaran basa Sunda, 
langkung sae ngawanohkeun heula internet, kaasup wiki, ka para guru basa Sunda. 
Tos kitu nembe ancrub kana ngamangpaatkeun internet, kumaha wae bentukna, tah 
eta pan gumantung kana naon anu aya dina sawangan para guru.

Kang Asep sugan teh bade sumping, boro dipapay mana nya Kang Asep teh... heheh

  On 2/5/08, Jalak Pakuan wrote:            
  Hurip, bravo, banzai.....ku "salingkuh" tos aya wujudna.  Punten baraya sanes 
abdi nungtut, ieu mah nyumangetan kanu tos gaduh komitmen. Sugan ieu kalebet 
kontribusi ngan ulang dianggap ngarewong.






  

                         


Makarya Mawa Raharja

       
---------------------------------
Be a better friend, newshound, and know-it-all with Yahoo! Mobile.  Try it now.

Kirim email ke