Hurip, bravo, banzai.....ku "salingkuh" tos aya wujudna.  Punten baraya sanes 
abdi nungtut, ieu mah nyumangetan kanu tos gaduh komitmen. Sugan ieu kalebet 
kontribusi ngan ulang dianggap ngarewong.
   
  majeng teras kang!
  Hurip Sunda

Budhi Setiawan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
            ngiring ngarewong ...
   
  kuncen wikipedia sunda nu aya kiwari, dina ngeusian wikipedia, gumantung kana 
karesep, sapertos kang asep ngeunaan IT, kang MSetiadi ngeunaan Korea, oge nu 
sanesna.
 
  baktos,
  budhi
  kurono kopo 241
 
  On 2/4/08, kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:             Nuhun kana 
pangrojong sareng usulan salira... Ke ku abdi bade didugikeun ka riungan 
kontributor kumaha kamungkinan2ana. Perkawis ngadukung mulok atanapi pangajaran 
di sakola, kedah diperenahkeun heula di mana pasna. Anu kaerong ku abdi mah, 
upami kedah aya format atanapi rarancang husus anu benten ti nu tos galib, 
kedah disawalakeun heula naon anu dipikahoyong ti--sebat bae--pihak sakola. 
Upami tos jelas kumaha2na, nembe ditimbang2 deui naha ku masarakat wiki ayeuna 
tiasa kabadanan atanapi henteu. Margi, sanes nanaon, kikituan teh pan ladang 
salingkuh tea... heuheu... Janten, anu eta mah tiasa disebat proyek husus di 
jero salahsahiji wiki. Lajeng, kumargi sigana dina leresan ieu mah jejerna 
tangtos diwates, jadi 'produk'na henteu seueur teuing, sigana langkung sae 
upami ngalangkungan deui proses editing anu kamari disabit sakedik ku Ceu Etty 
RS.

Sakitu heula panginten. Teh Herni kumaha yeuh kamandang salira? Kamari kabujeng 
seepeun waktos yeuh...

  On 2/4/08, Jalak Pakuan wrote:             
  Kang Kumi hatur nuhun masihan gambaran ngeunaan Wikipedia. Kang Kumi naha 
arahna tiasa henteu nya janten ngawujudkeun Wikipedia Sunda Outlook 2008 nu 
eusina agenda, progress, hanca gawe Wikipedia supaya kageatan 2008 tiasa 
langkung fokus. Ti dinya asana mah para wargi babari noong, ngabantu pami aya 
nu bade ngayakeun kolaborasi oge ngaleungitkeun kamungkinan duplikasi gawe. 
Saterasne panginten ngawujudkeun sisi babari make (fungsional) sapertos 
fungsina ngadukung mulok dina kurikulum pangajaran di Bodetabek.







-- 
sikandar
kumincir.blogspot.com   
  








-- 
Budhi Setiawan
e-mail: [EMAIL PROTECTED]   
web: http://budhisetiawan.net/   

                         


Makarya Mawa Raharja

       
---------------------------------
Be a better friend, newshound, and know-it-all with Yahoo! Mobile.  Try it now.

Kirim email ke