Henteu, Kang. Nuhun pisan kana pangrojongna, teu tiasa langsung ancrub ge ngeupanan ngeupanan atuh, katampi pisan. Mung nyaeta tea, kamari wengi ngobrol sareng Teh Herni. Saur anjeunna, samemeh prung ngahubungkeun sacara langsung proyek2 wiki kanggo ngarojong materi pangajaran basa Sunda, langkung sae ngawanohkeun heula internet, kaasup wiki, ka para guru basa Sunda. Tos kitu nembe ancrub kana ngamangpaatkeun internet, kumaha wae bentukna, tah eta pan gumantung kana naon anu aya dina sawangan para guru.
Kang Asep sugan teh bade sumping, boro dipapay mana nya Kang Asep teh... heheh On 2/5/08, Jalak Pakuan wrote: > > Hurip, bravo, banzai.....ku "salingkuh" tos aya wujudna. Punten baraya > sanes abdi nungtut, ieu mah nyumangetan kanu tos gaduh komitmen. Sugan ieu > kalebet kontribusi ngan ulang dianggap ngarewong. >

