imah panggung mangrupa salah salima fase dina model imah jelema. cenah
sacara teknis mah pikeun ngahindar ti sato galak nu harita loba keneh
sok ngulampreng ka lembur atawa pamukiman jelema.

di urang loba keneh imah panggung, utamana nu aya di kampung adat.
naha teu robah? salah sahiji alesanana sabab ayana aturan ti karuhun
dumasar ka adat atawa aturan hirup. diantarana tina ajaran nu sipatna
kosmologis tea. salah salima konsepna nyaeta urang sunda baheula
ngabagi alam ka tilu, alam luhur -buana nyungcung, buana (panca)
tengah-tempat jelema jeung alam handap-taneuh (buana larang).

tempat jelema ayana di buana tengah. antara luhur jeung handap, antara
langit jeung taneuh. langit tempat sanghyang, tengah tempat jelema,
taneuh tempat jelema nu geus maot. ku kituna, imah teu meunang make
bahan tina taneuh-sarupaning kenteng, bata, tembok- sabab taneuh mah
pikeun jelema nu geus maot.

tihang imah panggung oge teu meunang keuna langsung kana taneuh, jadi
make batu tatapakan. nu ieu mah ti jurusan teknis oge kaharti, mun kai
napel langsung kana taneuh moal kuat lila, da lembab tea komo deuih
aya sato nu beuki kai siga rinyuh tea.



Kirim email ke