masyakat basisir mah lain nyieun imah panggung gan, tapi nyieun imah lanting. imah nu bisa sosorolokan naek turun gumantung beungeut cai, ditalian kana tihang. imah jiga kieu masih aya nepi kiwari oge, bisa dipaluruh di tempat sisi walungan gede. (mh)
On 2/21/08, kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > MJ, ari imah panggung teh pituin bangsa urang atawa aya oge di sakuliah > dunya? > > Baheula, enya diajarkeun yen pangna imah urang baheula bentuk panggung teh > kusabab bisi diranjah sato gangas model begu atawa maung. Tapi, pikeun > bangsa urang mah aya panyangka sejen. Hal ieu patali jeung proses kabentukna > kapuloan Asia Tenggara anu asalna hiji daratan anu lega. Mangsa es di Kutub > cair, saeutik2 beungeut laut teh beuki naek. Masarakat basisir harita > ngungkulan masalah ieu ku nyieun imah panggung, ngarah dina sakalina cilaut > naek ngadadak, teu langsung kabanjiran teuing, bari terus ngababakanana mah > beuki lila beuki ka luhur, sabab beungeut laut beuki naek. Antukna, hal eta > terus kababawa najan bumen2 teh teu karasa geus ngised ka gunung. Heuheu... > > On 2/21/08, mangjamal wrote: > > > > imah panggung mangrupa salah salima fase dina model imah jelema. cenah > > sacara teknis mah pikeun ngahindar ti sato galak nu harita loba keneh > > sok ngulampreng ka lembur atawa pamukiman jelema. > > > >

