Ieu mah saran ka MJ, sigahna kanggo nalungtik di Nusantara, candak sample wae, 
misalna MJ ngalalana ngawitan ti Jabar, teras ka Sumatera ngangge Bus. Saparat 
parat jalan anu lami, pasti di kenca katuhu bumina jararangkung, kolongan, aya 
taraje di palih kenca. Upami ngangge jalan enggal (Lintas Timur) tos seueur 
bumi batu, utamina daerah transigrasi (pendatang) ti Jawa-Bali) . Aya anu rada 
rempeg teh di kawasan Ogan Komering Ilir, caket ka Kampus Unsri anu enggal. Ti 
Palembang teraskeun dugi ka Medan. Ti Medan kana pesawat ka Msia, di Neheri 
Sembilan utamina di kampung2na, teu miceun meueus bumi panggungna teh sigah di 
Padang sareng Palembang. Ti Kuala Lumpur mah naha bade teras ka Surabaya, teras 
ka Banjarmasin. teu langkung. Ayeuna tiket pesawat nuju mirah. Wilujeng 
ngaprak, demi desertasi he he he he.

mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:          nu kungsi uing ngilikan imah panggung 
make taraje teh, salian ti thailand, oge malayu, jeung banjar. ngan lain ari 
jiga taraje pisan mah, teteceanana rada luhur. nu persis make taraje mah imah 
'istana' raja urang batak di samosir. lawang pantona sagede jandela, lamun asup 
kudu dongko. ceuk kuncen di dinya, 'dongko' teh cenah falsafahna mun asup ka 
imah kudu ngahormat ka nu aya di imah. nu matak eta lawang panto teh ngan 
saukur sagede jandela, jadi daek teu daek mun rek asup kudu rengkuh, dongko. 
eta imah panggung teh kiwari masih aya, di sabudereun kuburan raja batak. (mh)

  On 2/22/08, Budhi Setiawan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:            
  Di Jepang, sigana kumaha daerahna. Noong imah asli suku Ainu (cenah mah asli 
Jepang), imah ngupuk, meureun pedah di wewengkon tiris, di Pulo pangkalerna, 
Hokkaido.
   
  Tapi imah tradisional di Yamagata jeung Okinawa mah siga panggung ngan teu 
jangkung, kurang leuwih satengah meter ti taneuh.
  
Imah tradisional Thailand jangkung, naekna make taraje. 
   
  Imah-imah ieu nempo di Little World (http://www.littleworld.jp/outdoor/), 
imah tradisional Indonesia diwakilan ku Bali jeung Toba. 
   
  Photona ke urang kotektak heula.
   
  Budhi ndeso
  kurono kopo 241
 
  On 2/22/08, mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:             gambaran badagna mah 
sigana enya kitu kang. 
Mun noong buku sejarah mukimna jelema, sigana di guha. aya bukti di batur, di 
altamira tea nu kawentar. di urang oge aya di padalarang,guha pawon, jsb. 

disebut fase utamana di luar kampung adat, nu teu kawengku ku adat tea. aya 
conto nu kaalaman. imah kulawarga aki ti bapa di suku gunung sawal. baheula 
panggung. tapi tos gaduh dana mah digentos ku tembok jeung turun kana taneuh, 
teu panggung deui. 

  
            
upama imah panggung disebut hiji fase model imah jelema, fase
samemehna imah jelama jiga kumaha nya. naha nyengcle dina tangkal kai
itu, terus robah jadi imah panggung, nu akhirna jadi imah batu nu
napak na taneuh teu make tihang. ngan grafikna jigana parabola muka ka
luhur. sanggeus imah napak na taneuh teu make tihang, terus balik deui
naek ka luhur, jiga imah flat.   




  
 
  

 
  


 
model itu mah sigana konsep kosmologi na beda jeung kampung adat di tatar 
sunda. da ongkoh tihang panggungna oge rada leuwih jangkung tibatan di tatar 
sunda. saur kang Roza, model imah panggung kitu aya di sakuliah nusantara. 
sigana di jepang oge aya jeung kitu. kungsi noong dina hiji buku antik jepang.
 
            
 
teu unggal paadatan manusa nyieun imah tihangna kudu make tatapakan.
aya oge paadatan nu justru tihang teh teu make tatapakan, jiga imah
urang banjar, borneo kidul. tihang teh nanceb terus nurus bumi,
kakeueum cai malah. kaina lain bobo deuih upama kakeueum teh, kalahka
beuki teuas, ngaranna kai ulin atawa kai beusi tea, nu baheula sok
dipake bantalan jalan kareta api. (mh)
 







-- 
geocities.com/mangjamal
mangjamal.multiply.com   
  








-- 
Budhi Setiawan
e-mail: [EMAIL PROTECTED]   
web: http://budhisetiawan.net/   






 

       
---------------------------------
Looking for last minute shopping deals?  Find them fast with Yahoo! Search.

Kirim email ke