heuheu nuhun kang. hanjakal beasiswana seep kanggo mayar sppna. SKS ge
sapotongna 350 rebu. sigana lega teuing, janten asia tenggara. haha

ayeuna nuju kukumpul data. sigana kanggo ngirit dana nu tekor, milari
we dina internet nya. hehe

kamari pendak sareng hiji sepuh nu saur kang ajip terangeun bumi tilas
bupati bandung martanagara di sumedang. kamari pendak teh, saurna
karuh teu janten ka sumedangna harita teh. tapi anjeuna nyarios, teu
tebih ti museum sumedang cenah. gancang cenah bisi dirobah, da nu
meserna tos pupus, boa ku anak incuna mah diruag da dianggap kuno
tinggaleun jaman. ke manawi sasih payun ngincig ka sumedang.
kanggo bahan bumi tradisional sunda di luar kampung adat atawa imah adat.

ka baraya nu gaduh poto parabot dapur tradisional  sarupaning telebug,
tampir, nyiru, tetenong, besek boboko aseupan siwur mah atos, nuhun
pisan upami dikintun ka sikuring. bade studi bentuk dasarna. 


--- In [email protected], Tatang Sariman <[EMAIL PROTECTED]>
wrote:
>
> Ieu mah saran ka MJ, sigahna kanggo nalungtik di Nusantara, candak
sample wae, misalna MJ ngalalana ngawitan ti Jabar, teras ka Sumatera
ngangge Bus. Saparat parat jalan anu lami, pasti di kenca katuhu
bumina jararangkung, kolongan, aya taraje di palih kenca. Upami
ngangge jalan enggal (Lintas Timur) tos seueur bumi batu, utamina
daerah transigrasi (pendatang) ti Jawa-Bali) . Aya anu rada rempeg teh
di kawasan Ogan Komering Ilir, caket ka Kampus Unsri anu enggal. Ti
Palembang teraskeun dugi ka Medan. Ti Medan kana pesawat ka Msia, di
Neheri Sembilan utamina di kampung2na, teu miceun meueus bumi
panggungna teh sigah di Padang sareng Palembang. Ti Kuala Lumpur mah
naha bade teras ka Surabaya, teras ka Banjarmasin. teu langkung.
Ayeuna tiket pesawat nuju mirah. Wilujeng ngaprak, demi desertasi he
he he he.
> 
>

Kirim email ke