On 2/21/08, mangjamal <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > imah panggung mangrupa salah salima fase dina model imah jelema. cenah > sacara teknis mah pikeun ngahindar ti sato galak nu harita loba keneh > sok ngulampreng ka lembur atawa pamukiman jelema. > upama imah panggung disebut hiji fase model imah jelema, fase samemehna imah jelama jiga kumaha nya. naha nyengcle dina tangkal kai itu, terus robah jadi imah panggung, nu akhirna jadi imah batu nu napak na taneuh teu make tihang. ngan grafikna jigana parabola muka ka luhur. sanggeus imah napak na taneuh teu make tihang, terus balik deui naek ka luhur, jiga imah flat.
> tihang imah panggung oge teu meunang keuna langsung kana taneuh, jadi > make batu tatapakan. nu ieu mah ti jurusan teknis oge kaharti, mun kai > napel langsung kana taneuh moal kuat lila, da lembab tea komo deuih > aya sato nu beuki kai siga rinyuh tea. teu unggal paadatan manusa nyieun imah tihangna kudu make tatapakan. aya oge paadatan nu justru tihang teh teu make tatapakan, jiga imah urang banjar, borneo kidul. tihang teh nanceb terus nurus bumi, kakeueum cai malah. kaina lain bobo deuih upama kakeueum teh, kalahka beuki teuas, ngaranna kai ulin atawa kai beusi tea, nu baheula sok dipake bantalan jalan kareta api. (mh)

