gambaran badagna mah sigana enya kitu kang. Mun noong buku sejarah mukimna jelema, sigana di guha. aya bukti di batur, di altamira tea nu kawentar. di urang oge aya di padalarang,guha pawon, jsb.
disebut fase utamana di luar kampung adat, nu teu kawengku ku adat tea. aya conto nu kaalaman. imah kulawarga aki ti bapa di suku gunung sawal. baheula panggung. tapi tos gaduh dana mah digentos ku tembok jeung turun kana taneuh, teu panggung deui. upama imah panggung disebut hiji fase model imah jelema, fase > samemehna imah jelama jiga kumaha nya. naha nyengcle dina tangkal kai > itu, terus robah jadi imah panggung, nu akhirna jadi imah batu nu > napak na taneuh teu make tihang. ngan grafikna jigana parabola muka ka > luhur. sanggeus imah napak na taneuh teu make tihang, terus balik deui > naek ka luhur, jiga imah flat. > model itu mah sigana konsep kosmologi na beda jeung kampung adat di tatar sunda. da ongkoh tihang panggungna oge rada leuwih jangkung tibatan di tatar sunda. saur kang Roza, model imah panggung kitu aya di sakuliah nusantara. sigana di jepang oge aya jeung kitu. kungsi noong dina hiji buku antik jepang. > > teu unggal paadatan manusa nyieun imah tihangna kudu make tatapakan. > aya oge paadatan nu justru tihang teh teu make tatapakan, jiga imah > urang banjar, borneo kidul. tihang teh nanceb terus nurus bumi, > kakeueum cai malah. kaina lain bobo deuih upama kakeueum teh, kalahka > beuki teuas, ngaranna kai ulin atawa kai beusi tea, nu baheula sok > dipake bantalan jalan kareta api. (mh) > > -- geocities.com/mangjamal mangjamal.multiply.com

