MJ, ari imah panggung teh pituin bangsa urang atawa aya oge di sakuliah dunya?
Baheula, enya diajarkeun yen pangna imah urang baheula bentuk panggung teh kusabab bisi diranjah sato gangas model begu atawa maung. Tapi, pikeun bangsa urang mah aya panyangka sejen. Hal ieu patali jeung proses kabentukna kapuloan Asia Tenggara anu asalna hiji daratan anu lega. Mangsa es di Kutub cair, saeutik2 beungeut laut teh beuki naek. Masarakat basisir harita ngungkulan masalah ieu ku nyieun imah panggung, ngarah dina sakalina cilaut naek ngadadak, teu langsung kabanjiran teuing, bari terus ngababakanana mah beuki lila beuki ka luhur, sabab beungeut laut beuki naek. Antukna, hal eta terus kababawa najan bumen2 teh teu karasa geus ngised ka gunung. Heuheu... On 2/21/08, mangjamal wrote: > > imah panggung mangrupa salah salima fase dina model imah jelema. cenah > sacara teknis mah pikeun ngahindar ti sato galak nu harita loba keneh > sok ngulampreng ka lembur atawa pamukiman jelema. >

