heueh nya lamun imah panggung ngan hiji fase tina sababaraha fase kaimahan,
terus fase anu munggaran jiga kumaha?
jiga imah manuk piit kitu? hehehhehehheheehh...

jang dede


2008/2/20, mangjamal <[EMAIL PROTECTED]>:
>
>   imah panggung mangrupa salah salima fase dina model imah jelema. cenah
> sacara teknis mah pikeun ngahindar ti sato galak nu harita loba keneh
> sok ngulampreng ka lembur atawa pamukiman jelema.
>
> di urang loba keneh imah panggung, utamana nu aya di kampung adat.
> naha teu robah? salah sahiji alesanana sabab ayana aturan ti karuhun
> dumasar ka adat atawa aturan hirup. diantarana tina ajaran nu sipatna
> kosmologis tea. salah salima konsepna nyaeta urang sunda baheula
> ngabagi alam ka tilu, alam luhur -buana nyungcung, buana (panca)
> tengah-tempat jelema jeung alam handap-taneuh (buana larang).
>
> tempat jelema ayana di buana tengah. antara luhur jeung handap, antara
> langit jeung taneuh. langit tempat sanghyang, tengah tempat jelema,
> taneuh tempat jelema nu geus maot. ku kituna, imah teu meunang make
> bahan tina taneuh-sarupaning kenteng, bata, tembok- sabab taneuh mah
> pikeun jelema nu geus maot.
>
> tihang imah panggung oge teu meunang keuna langsung kana taneuh, jadi
> make batu tatapakan. nu ieu mah ti jurusan teknis oge kaharti, mun kai
> napel langsung kana taneuh moal kuat lila, da lembab tea komo deuih
> aya sato nu beuki kai siga rinyuh tea.
>
> 
>

Kirim email ke