hayang nepi ka dinya karuh nalungtik teh, tapi hese sumber tertulisna. sabab
sigana eta pendekatan teknsi atawa logis numutkeun kaayan alam jeung adat
alam. bukuna gaduh?

tapi nu geus kapanggih mah, jeung nu ieu biasana nu harayang apal, patalina
jeung jeung kosmologi atawa world view hiji bangsa/masyarakat. nyaeta cara
ningal alam/kosmos, ku conto nu aya dikampung naga jeung kampung kuta.
kabeneran aya bukuna, kampung adat & rumah adat di jawa barat ti ua sas,
terbitan disbudpar jabar.


On Thu, Feb 21, 2008 at 5:27 PM, kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

>   MJ, ari imah panggung teh pituin bangsa urang atawa aya oge di sakuliah
> dunya?
>
> Baheula, enya diajarkeun yen pangna imah urang baheula bentuk panggung teh
> kusabab bisi diranjah sato gangas model begu atawa maung. Tapi, pikeun
> bangsa urang mah aya panyangka sejen. Hal ieu patali jeung proses kabentukna
> kapuloan Asia Tenggara anu asalna hiji daratan anu lega. Mangsa es di Kutub
> cair, saeutik2 beungeut laut teh beuki naek. Masarakat basisir harita
> ngungkulan masalah ieu ku nyieun imah panggung, ngarah dina sakalina cilaut
> naek ngadadak, teu langsung kabanjiran teuing, bari terus ngababakanana mah
> beuki lila beuki ka luhur, sabab beungeut laut beuki naek. Antukna, hal eta
> terus kababawa najan bumen2 teh teu karasa geus ngised ka gunung. Heuheu...
>
>
> On 2/21/08, mangjamal wrote:
> >
> >   imah panggung mangrupa salah salima fase dina model imah jelema. cenah
> > sacara teknis mah pikeun ngahindar ti sato galak nu harita loba keneh
> > sok ngulampreng ka lembur atawa pamukiman jelema.
> >
>  
>



-- 
geocities.com/mangjamal
mangjamal.multiply.com

Kirim email ke