duka tah kudu dipaluruh sakuliah dunya. heuheu. tapi saur kang Oca (ir. Roza
R Mintaredja), model imah panggung aya di sakuliah nusantara, malah cek
pamanggih mah, nepi ka thailand oge asa aya.

ningal kondisi imah panggung di kampung naga, nu sisi walungan ciwulan, bisa
jadi salah salima alesan teknis eta kitu. pikeun ngantisipasi bisi hiji
mangsa walungan ciwulan mudal. tapi da imah-imah kampung naga di naga-wir,
meureun moal nepi tah cai ciwulan teh. tapi imah kampung naga baheula na mah
da ngan saeutik. teu nepi ka saratus leuwih siga ayeuna.



On Thu, Feb 21, 2008 at 5:27 PM, kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

>   MJ, ari imah panggung teh pituin bangsa urang atawa aya oge di sakuliah
> dunya?
>
> Baheula, enya diajarkeun yen pangna imah urang baheula bentuk panggung teh
> kusabab bisi diranjah sato gangas model begu atawa maung. Tapi, pikeun
> bangsa urang mah aya panyangka sejen. Hal ieu patali jeung proses kabentukna
> kapuloan Asia Tenggara anu asalna hiji daratan anu lega. Mangsa es di Kutub
> cair, saeutik2 beungeut laut teh beuki naek. Masarakat basisir harita
> ngungkulan masalah ieu ku nyieun imah panggung, ngarah dina sakalina cilaut
> naek ngadadak, teu langsung kabanjiran teuing, bari terus ngababakanana mah
> beuki lila beuki ka luhur, sabab beungeut laut beuki naek. Antukna, hal eta
> terus kababawa najan bumen2 teh teu karasa geus ngised ka gunung. Heuheu...
>
>
> On 2/21/08, mangjamal wrote:
> >
> >   imah panggung mangrupa salah salima fase dina model imah jelema. cenah
> > sacara teknis mah pikeun ngahindar ti sato galak nu harita loba keneh
> > sok ngulampreng ka lembur atawa pamukiman jelema.
> >
>  
>



-- 
geocities.com/mangjamal
mangjamal.multiply.com

Kirim email ke