> From: "Tessar Wardhana" <[EMAIL PROTECTED]>
> Anu diperyogikeun ku urang teh teu aya sanes Daulah
> Khilafah Islamiyah dimana hiji2na institusi sah anu
> tos kawangun 13 abad saprak Kanjeng Rasulullah dugi
> terakhir Khilafah Ustmaniyah di Turki 80 taunan
> kapengker.

Ke Kang, dina Sajarah Islam, nu disebat Khilafah teh henteu ukur hiji. 
Saruntagna Bani Ummayah di Damaskus Syria (kurang leuwih 100 taun saatosna 
Kangjeng Nabi ngantunkeun) ngadeg Dinasti Abbasyiah di Bagdhad. Bani Ummayah 
ampir tumpur tapi aya nu salamet di Andalusia jeung ngadegkeun Khilafah oge 
didinya. Tah waktu eta, kurang leuwih 100 taun saatosna Kangjeng Nabi wafat, 
paling hneteu geus aya dua Khilafah di Bagdad jeung di Spanyol. Spanyol 
memang kantos dikawasa Islam, tapi lain hartina pangawasana sarua jeung nu 
di Bagdhad. Kadieukeun nu disebut Khilafah teh malah beuki loba. Di Mesir 
aya Fatimahyah, nu ngadegekeun Al Azhar (lamun teu salah). Di India jeung di 
Asia Tengah oge ngadeg, nu resep Sajarah pasti mikawanoh  saha Timur Lenk, 
Sultan Akbar, Syah Jeihan nu nyieun Taj Mahal nu kakoncara tea.

Di Indonesia,  di abad ka 15-16 loba karajaan Islam mucunghul, di Jawa wae 
aya Banten, Cirebon, Demak, Mataram jrrd acan nu diluar Jawa. Jadi saur saha 
ngan aya hiji?

Rekomendasi : cobi pilarian buku-buku Sajarah Islam, supaya aya gambaran 
dina sajeroning 13 abad teh. Sabab 1300 taun teh lain waktos sakedap.

Baktos,
WALUYA


Kirim email ke