Aya oge kana budaya..mun diurang sarentak ngadenge aya walungan...teras wae mikirna..ngojay..mandi...ngising..nyieun cubluk..nyeuseuh...Mun di Australi jeung Amrik DAS teh kalarang pisan janten daerah hunian...
On 12/9/08, Kumincir Wikidisastra <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Untung nya Cimanuk mah ngalir ka kalerna ngaliwatan jalur wetan, jadi > teu ngaliwatan Bandung. Mun bae ngaliwatan Bandung sarta ngabalukarkeun > banjir, bisa2 urang Garut disalahkeun... Komo nu ieu mah, Kuncen Cimanuk, > pantes pisan mun disalahkeun teh... :P > > Kamari2 saliwat maca dina Tribun Jabar, cenah pihak Gubernur boga usulan > sangkan daerah hulu walungan (naon nya Sundana? Bet gadadak poho... da > baheula mah teu apal) dikawasa ku Pamarentah. Maksudna, salila ieu daerah > hulu teh darugul da diparake tatanen ku masarakat, sahingga daya serep > taneuh teh ngurangan. Tah, kumaha ngarah *caina herang laukna beunang*? > Kumaha carana sangkan masarakat sabudeureun hulu anu make lahan henteu > leungiteun pangupa jiwa mun eta wewengkon dileuweungkeun? > > On Sun, Dec 7, 2008 at 10:37 PM, Kuncen Cimanuk wrote: > >> Kiwari, Bandung jeung sabudereunana keuna ku bancang pakewuh alatan >> banjir… naon anu jadi sabab aya kajadian banjir di Bandung..? ahh… budak >> leutik ge nyahoeun, nya tangtu cai anu jadi sababna mah. Ngan nya kitu, naha >> kunaon eta cai tepi ka bisa ngeueum Bandung anu sakitu legana…? Sedengkeun >> sababaraha bulan anu geus kaliwat, dina usum katiga, Bandung kakurangan >> jeung sangsara ku cai anu bersih. Jadina teh… sangsara ku lobana, susah ku >> sabab kakurangan…. >> Ngan nya kitu… sok jadi matak tugenah… da geuning taya pisan usaha jeung >> tarekah ti masyarakatna, geus puguh ning ti pamarentah mah, da memang >> geus lain arep-arepkeuneun ari pamarentah mah…. >> Anu sok matak hookeun mah…. Enya kuring anu hookeun teh, da ari batur mah >> nya teuing ku karepna wae… eta kuring sok hookeun ku polah inohong ti >> rengrengan organisasi kaagamaan (Islam) sigana teh hare-hare wae… sigana, >> ceuk pikirna banjir jeung kakurangan cai mah lain urusan agama…. Padahal, >> pan banjir jeung kakurangan cai teh teu kurang nyangsarakeun model tunggara >> alatan teu boga duit, intina mah sarua matak katalangsara…. malah jadi >> alatan ngancam kasalametan balarea… Sedengkeun anu ngarana katalangsara pan >> mangrupa hiji sabab anu bisa nimbulkeun kakufuran…?? >> Mun banjir jeung kakurangan cai diantarana alatan leuweung anu gundul >> bulistir teu kaurus jeung teu diurus…. kira-kira eta kaasup masalah >> ka-agama-an lain..?? >> > > -- > sikandar > kumincir.blogspot.com > > >

