Mun ditilik eta solusi2 teh pajabat ybs loba pisan anu ngarti..komo
LSM..Turug2 paraturan2 oge tos aya..industri mun bade ngala cai tina Akuifer
deet kedah aya izin Dinas geologi satempat....jrd..Tapi hasilna ? bantaran
walungan pinuh kuimah ..pinuh ku cubluk..pinuh kunu miceunan
runtah....leuweuh DAS ledis dituaran dijadikeun daerah padumukan..Mun urang
ngalamar IMB teh pan aya kawajiban ngadamel sumur resapan..kumplit jeung
gambarna..tapi da teu dijalankeun...

On 12/10/08, H Surtiwa <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Aya oge kana budaya..mun diurang sarentak ngadenge aya walungan...teras wae
> mikirna..ngojay..mandi...ngising..nyieun cubluk..nyeuseuh...Mun di Australi
> jeung Amrik DAS teh kalarang pisan janten daerah hunian...
>
> On 12/9/08, Kumincir Wikidisastra <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>>
>>   Untung nya Cimanuk mah ngalir ka kalerna ngaliwatan jalur wetan, jadi
>> teu ngaliwatan Bandung. Mun bae ngaliwatan Bandung sarta ngabalukarkeun
>> banjir, bisa2 urang Garut disalahkeun... Komo nu ieu mah, Kuncen Cimanuk,
>> pantes pisan mun disalahkeun teh... :P
>>
>> Kamari2 saliwat maca dina Tribun Jabar, cenah pihak Gubernur boga usulan
>> sangkan daerah hulu walungan (naon nya Sundana? Bet gadadak poho... da
>> baheula mah teu apal) dikawasa ku Pamarentah. Maksudna, salila ieu daerah
>> hulu teh darugul da diparake tatanen ku masarakat, sahingga daya serep
>> taneuh teh ngurangan. Tah, kumaha ngarah *caina herang laukna beunang*?
>> Kumaha carana sangkan masarakat sabudeureun hulu anu make lahan henteu
>> leungiteun pangupa jiwa mun eta wewengkon dileuweungkeun?
>>
>> On Sun, Dec 7, 2008 at 10:37 PM, Kuncen Cimanuk wrote:
>>
>>>   Kiwari, Bandung jeung sabudereunana keuna ku bancang pakewuh alatan
>>> banjir… naon anu jadi sabab aya kajadian banjir di Bandung..? ahh… budak
>>> leutik ge nyahoeun, nya tangtu cai anu jadi sababna mah. Ngan nya kitu, naha
>>> kunaon eta cai tepi ka bisa ngeueum Bandung anu sakitu legana…? Sedengkeun
>>> sababaraha bulan anu geus kaliwat, dina usum katiga, Bandung kakurangan
>>> jeung sangsara ku cai anu bersih. Jadina teh… sangsara ku lobana, susah ku
>>> sabab kakurangan….
>>> Ngan nya kitu… sok jadi matak tugenah… da geuning taya pisan usaha jeung
>>> tarekah ti masyarakatna, geus puguh ning ti pamarentah mah, da memang
>>> geus lain arep-arepkeuneun ari pamarentah mah….
>>> Anu sok matak hookeun mah…. Enya kuring anu hookeun teh, da ari batur mah
>>> nya teuing ku karepna wae… eta kuring sok hookeun ku polah inohong ti
>>> rengrengan organisasi kaagamaan (Islam) sigana teh hare-hare wae… sigana,
>>> ceuk pikirna banjir jeung kakurangan cai mah lain urusan agama…. Padahal,
>>> pan banjir jeung kakurangan cai teh teu kurang nyangsarakeun model tunggara
>>> alatan teu boga duit, intina mah sarua matak katalangsara…. malah jadi
>>> alatan ngancam kasalametan balarea…  Sedengkeun anu ngarana katalangsara pan
>>> mangrupa hiji sabab anu bisa nimbulkeun kakufuran…??
>>> Mun banjir jeung kakurangan cai diantarana alatan leuweung anu gundul
>>> bulistir teu kaurus jeung teu diurus…. kira-kira eta kaasup masalah
>>> ka-agama-an lain..??
>>>
>>
>> --
>> sikandar
>> kumincir.blogspot.com
>>
>>  
>>
>
>

Kirim email ke