nambahan,
bangsa urang asa ku resep kana ngimpor.
lamun teu diimbangi ku ekspor, kapanan urang bakal tekor.

lamu geus tekor, kapanan duit urang teh angger we beak-beak deui.


irpan rispandi wrote:

Nuhun keterangana pa Haji,
kuring jadi nyaho ayeuna mah.

ngan sanajan kitu, naha atuh bangsa urang teh anu cenah beunghar, kieu-kieu wae? Salian ti korupsi, kapanan geus puguh harta bangsa urang teh dipalingan ku bangsa deungeun nga-atas namakeun perusahaan Asing nu cenah murni bisnis.



H Surtiwa wrote:

Hanjakal sanes kitu mekanisme na....Sistimna sistim Frnchise...mayar ti heula kana hak patent..eta anu asup kaluar ngreg teh...hasil usaha laun eta restoran boga kang Irpan..nya asup atuh kana kantong sorangan....anu disyaratkeun ngan kwalitas..jeung rasa kudu saru jeung aslina...Nyatanya usaha Franchise leuwih nguntungkeun kanu ngajalaneun asal payu wae...intina kdu payu...lamun henteu eta mayar Franchise na mubazir....

Usaha emas minyak gas mah..jajauheun sareng anu diterangken ku kang Irpan..tebih pisan..RI can pernah ngajual SDA na ! tepi ka ayeuna oge can pernah..kulantaran dilarang ku UUD 45 ! KUanon atuh loba pausahaan asing nya ? tah didinya Kai, Minyak, Emas teh benten sareng jambu batu anu tinggal ngala...tapi kedah aya modal kanggo ngala....Tah modal kanggo ngala ieu pamarentah RI anu teu boga ..pangusaha nasional oge ngan hiji dua (bakrie jeung Medco hungkul, eta oge nginjeum sabagian ka Bank !)....terus panjang teuing nyarioskeunana...engke dismbung mun keur teu ari....ERta minyak anu aya di Duri boga saha..Boga pamarentah RI alias boga rakyat Indonesia... Harga minyakna ditetepkeun ku RI..ICP...

On 4/21/09, *irpan rispandi* <[email protected] <mailto:[email protected]>> wrote:



    Kang Bohay,
    hiji mangsa babaturan kuring kacilakaan tina motor. jempol suku
    anu katuhu ngaplek. ceuk dokter moal bisa disambungkeun deui.
    sanajan dipaksakeun disambung oge, moal nyambung kalahka buruk,
    anu ahirna infeksi.
    dina kaayaan kitu, daek teu daek eta jempol suku dikorbankeun,
    sabab lamun dipertahankeun oge kalahka ngaruksak kana bagian awak
    anu sejen.

    Restoran luar negri, make hayam jeung pagawe dalam negri.
    misalna itung-itungan sederhanana kieu:
    - menu restoran saporsi hargana 10.000,-. tah anu sapuluh rebu
    tea, 2000 keur mayar gajih karyawan, 2000 keur meuli hayam. 1000
    keur pajak. anu 5000 disetorkeun ka luar negri.

    lamun bangsa indonesia boga emas, kai, minyak bumi, batu bara,
    jrrd, kabehanana hargana 1.000.000 eun, misalna.

    Terus eta anu sajuta teh dipake balanja di restoran luar negri
    tea nepi ka beak. berarti 200.000 balik deui ka bangsa urang,
    mangrupa gajih karyawan. 200.000 balik deui ka peternak, 100.000
    balik deui ka nagara mangrupa pajak. tapi anu 500.000,- jadi
    milik luar negri.

    tah sanggeus anu 1.000.000 tea beak, berarti bangsa indonesia
    kari boga duit 500.000,-. kabutuhan beuteung tetep jalan, berarti
    urang balanja deui ka restoran luar negri tea, nepi ka beak anu
    lima ratus rebu teh.

    sanggeus 500.000 beak, engke bangsa indonesia kari boga duit
    250.000,-, dibalanjakeun deui ka restoran luar negri, kari
    125.000, jeung saterusna nepi ka beak pisan.

    nah lo....
    geus teu boga duit rek kumaha?







    Reka "Bohay" wrote:

    Hayang ngilu ngobrol... :D

    Kadang butuh euy tempat dahar jiga Mek Di teh, atawa fast food
    sejenna.
    Contona kamari keur di Bali, kuring rada hese neangan kadaharan
    anu halal.
    Nya daripada hariwang, asup weh ka Mek Di, soalna geus aya
    standar halal.

    Oge di jabar jeung jakarta, supplier daging hayam jang ka Mek Di
    teh pasantren nu boga usaha di widang peternakan.
    Bareto mah supplierna teh di daerah cihaurbeuti Tasik, teuing
    naon ngaran pasantrenna.

    Si Mek Di sanggup mere harga "premium" ka peternak.

    -Bohay-

    2009/4/20 mh <[email protected] <mailto:[email protected]>>



        ieu pangalaman pribadi nya.
        terus terang upama keur indit-inditan, kapaksa warung nu sok
        jadi pilihan teh,
        warung waralaba, jiga mc.d jeung nu lianna. naon masalahna?
        kusabab hargana
        warung jiga kitu mah standar dimana-mana, moal kabelejog.
        beda misalna upama
        di perjalanan milih model warteg, sok mindeng kabelejog,
        hargana ampun pisan.
        ieu teh pangalaman di sababaraha kota, boh jakarta, jogja,
        oge surabaya.
        (mh)

        2009/4/20 waluya2006 <[email protected]
        <mailto:waluya2006%40yahoo.co.id>>:


        >> Kang Iman <firman.raha...@...> wrote:
        >> Tapi naha lamun warung sunda mah sok mahal nya ?!
        >> geus baleunghar kitu ?
        >
        > Da bahanna mah tetep we mahal ...hehehe, bade dipasak ala
        amrik atawa ala sunda oge. Restoran tradisional (baca:
        Sunda) ayeuna konsumenna kelas menengah, jadi hargana ge
        lumayan mahal. Di Bandung aya resto-resto Sunda nu jadi
        tempat bergengsi, jauh ngaleuwihan resto-resto warabala
        Amrik nu konsumenna rata-rata budak leutik atawa ABG ...
        >
        > Nu aneh di Bandung Warteg teu pati laku, beda jeung di
        jakarta. Urang Tegal di Bandung biasana jaradi tukang nasi
        goreng nu didorong-dorong ....
        >
        > Baktosna,
        > WALUYA
        >


Kirim email ke