Rek dijawab, eeeh tos kajawab ku Wa Haji. hehehe...

-Bohay-

2009/4/21 H Surtiwa <[email protected]>

>
>
> Hanjakal sanes kitu mekanisme na....Sistimna sistim Frnchise...mayar ti
> heula kana hak patent..eta anu asup kaluar ngreg teh...hasil usaha laun eta
> restoran boga kang Irpan..nya asup atuh kana kantong sorangan....anu
> disyaratkeun ngan kwalitas..jeung rasa kudu saru jeung aslina...Nyatanya
> usaha Franchise leuwih nguntungkeun kanu ngajalaneun asal payu wae...intina
> kdu payu...lamun henteu eta mayar Franchise na mubazir....
>
> Usaha emas minyak gas mah..jajauheun sareng anu diterangken ku kang
> Irpan..tebih pisan..RI can pernah ngajual SDA na ! tepi ka ayeuna oge can
> pernah..kulantaran dilarang ku UUD 45 ! KUanon atuh loba pausahaan asing nya
> ? tah didinya Kai, Minyak, Emas teh benten sareng jambu batu anu tinggal
> ngala...tapi kedah aya modal kanggo ngala....Tah modal kanggo ngala ieu
> pamarentah RI anu teu boga ..pangusaha nasional oge ngan hiji dua (bakrie
> jeung Medco hungkul, eta oge nginjeum sabagian ka Bank !)....terus panjang
> teuing nyarioskeunana...engke dismbung mun keur teu ari....ERta minyak anu
> aya di Duri boga saha..Boga pamarentah RI alias boga rakyat Indonesia...
> Harga minyakna ditetepkeun ku RI..ICP...
>
>
> On 4/21/09, irpan rispandi <[email protected]> wrote:
>>
>>
>>
>>  Kang Bohay,
>> hiji mangsa babaturan kuring kacilakaan tina motor. jempol suku anu katuhu
>> ngaplek. ceuk dokter moal bisa disambungkeun deui. sanajan dipaksakeun
>> disambung oge, moal nyambung kalahka buruk, anu ahirna infeksi.
>> dina kaayaan kitu, daek teu daek eta jempol suku dikorbankeun, sabab lamun
>> dipertahankeun oge kalahka ngaruksak kana bagian awak anu sejen.
>>
>> Restoran luar negri, make hayam jeung pagawe dalam negri.
>> misalna itung-itungan sederhanana kieu:
>> - menu restoran saporsi hargana 10.000,-. tah anu sapuluh rebu tea, 2000
>> keur mayar gajih karyawan, 2000 keur meuli hayam. 1000 keur pajak. anu 5000
>> disetorkeun ka luar negri.
>>
>> lamun bangsa indonesia boga emas, kai, minyak bumi, batu bara, jrrd,
>> kabehanana hargana 1.000.000 eun, misalna.
>>
>> Terus eta anu sajuta teh dipake balanja di restoran luar negri tea nepi ka
>> beak. berarti 200.000 balik deui ka bangsa urang, mangrupa gajih karyawan.
>> 200.000 balik deui ka peternak, 100.000 balik deui ka nagara mangrupa pajak.
>> tapi anu 500.000,- jadi milik luar negri.
>>
>> tah sanggeus anu 1.000.000 tea beak, berarti bangsa indonesia kari boga
>> duit 500.000,-. kabutuhan beuteung tetep jalan, berarti urang balanja deui
>> ka restoran luar negri tea, nepi ka beak anu lima ratus rebu teh.
>>
>> sanggeus 500.000 beak, engke bangsa indonesia kari boga duit 250.000,-,
>> dibalanjakeun deui ka restoran luar negri, kari 125.000, jeung saterusna
>> nepi ka beak pisan.
>>
>> nah lo....
>> geus teu boga duit rek kumaha?
>>
>>
>>
>>
>>
>>
>> Reka "Bohay" wrote:
>>
>>  Hayang ngilu ngobrol... :D
>>
>> Kadang butuh euy tempat dahar jiga Mek Di teh, atawa fast food sejenna.
>> Contona kamari keur di Bali, kuring rada hese neangan kadaharan anu halal.
>> Nya daripada hariwang, asup weh ka Mek Di, soalna geus aya standar halal.
>>
>> Oge di jabar jeung jakarta, supplier daging hayam jang ka Mek Di teh
>> pasantren nu boga usaha di widang peternakan.
>> Bareto mah supplierna teh di daerah cihaurbeuti Tasik, teuing naon ngaran
>> pasantrenna.
>>
>> Si Mek Di sanggup mere harga "premium" ka peternak.
>>
>> -Bohay-
>>
>>  2009/4/20 mh <[email protected]>
>>
>>>
>>>
>>> ieu pangalaman pribadi nya.
>>> terus terang upama keur indit-inditan, kapaksa warung nu sok jadi pilihan
>>> teh,
>>> warung waralaba, jiga mc.d jeung nu lianna. naon masalahna? kusabab
>>> hargana
>>> warung jiga kitu mah standar dimana-mana, moal kabelejog. beda misalna
>>> upama
>>> di perjalanan milih model warteg, sok mindeng kabelejog, hargana ampun
>>> pisan.
>>> ieu teh pangalaman di sababaraha kota, boh jakarta, jogja, oge surabaya.
>>> (mh)
>>>
>>> 2009/4/20 waluya2006 <[email protected] <waluya2006%40yahoo.co.id>
>>> >:
>>>
>>> >> Kang Iman <firman.raha...@...> wrote:
>>> >> Tapi naha lamun warung sunda mah sok mahal nya ?!
>>> >> geus baleunghar kitu ?
>>> >
>>> > Da bahanna mah tetep we mahal ...hehehe, bade dipasak ala amrik atawa
>>> ala sunda oge. Restoran tradisional (baca: Sunda) ayeuna konsumenna kelas
>>> menengah, jadi hargana ge lumayan mahal. Di Bandung aya resto-resto Sunda nu
>>> jadi tempat bergengsi, jauh ngaleuwihan resto-resto warabala Amrik nu
>>> konsumenna rata-rata budak leutik atawa ABG ...
>>> >
>>> > Nu aneh di Bandung Warteg teu pati laku, beda jeung di jakarta. Urang
>>> Tegal di Bandung biasana jaradi tukang nasi goreng nu didorong-dorong ....
>>> >
>>> > Baktosna,
>>> > WALUYA
>>> >
>>> >
>>> >
>>>  > ------------------------------------
>>>
>>
>>
>>
>  
>

Kirim email ke