> H Surtiwa <surt...@...> wrote: > pamarentah RI anu teu boga ..pangusaha nasional oge ngan hiji dua > (bakrie > jeung Medco hungkul, eta oge nginjeum sabagian ka Bank !)....
Bah, cenah ceuk beja, waktu minyak mahal mah loba swasta nasional nu ngilu ribut eksplorasi minyak, padahal teu boga pangalaman dina widang eta. Ngan ayeuna mah melempem deui, da harga minyakna jadi turun pisan. Gaduh babaturan, waktu minyak mahal mah geus agul rek ngajukeun pangsiun dini ti PNSna (manehna panalungtik) sabab ditawaran digawe di pausahaan minyak anyar. Dua minggu katukang papanggih jeung manehna, ditanyakeun, jadi henteu pangsiun teh? "Henteu ah, bubar pausahaanana ge, da acan nanaon, harga minyakna kaburu nyungsep", cenah ..... Baktosna, WALUYA

