Kang Irpan  tadi dina TV Bupati pandeglang didemo ku warga..cenah korupsi
ngan saeutik tapi teu kira2 ngan 200 Milyard Rp..pantes atuh parebut jabatan
Bupati teh...Wanian pisan..

On 4/21/09, irpan rispandi <[email protected]> wrote:
>
>
>
>  nuhun keterangana pa Haji.
> kuring nu tadina teu nyaho jadi nyaho  ngeunaan "Natural Resources".
>
> mun geus kieu mah puguh atuh, anu kudu dikadek teh koruptor nya.
> ke rek ngasah bedogna heula. He..he..he..
>
>
>
> H Surtiwa wrote:
>
>  kang Irpan, saleresna mah kode jongklokna teh aya di Pajabat sareng Media
> anu gumbar gembor yen Nagara urang teh beunghar..beunghar pisan SDA
> ceuyah..ceuyah pisan..Tah malapetaka pulitik teh tidieu pisan. Ari SDA
> kakara tiasa disebut janten harta mun parantos di ala (benten sareng kadu
> Monthong dina tangkalna oge parantos parebut). MUn tos diala eta SDA teh
> namina robih tina "Natural Resources =Sumbar daya Alam)" janten Natural
> Resources Reserves (Cadangan SDA). Ongkos ngala resources kana cadangan teh
> teh MAHAL pisan teu kabedag kunagara. bayangkeun saumur hirup RI ngan
> Defisit wae RAPBN teh, padahal parantos ngahutang gede2an ! Hasil tina pajak
> jeung SDA anu tos diala teh beak didahar...sakali deui beak didahar (ka
> lebet dikorupsi). KUmaha atuh sangkan RI tiasa ngecap kanikmatan SDA ,
> timana ongkos ngalana ? Nya ngengkekeun kanu boga modal. Undang2 ngabuka
> salebarna saha wae anu rek ngala asal boga modal. Kumaha mayar na RI ? mayar
> tina hasil SDA anu diala ! Aya prosentase na. jadi mun kang Irpan bade ngala
> tiasa. Ongkos ngala SDA ditalangan ku Kang Irpan timana wae asal ulah ti
> Bank Nagara ataw Swasta Indonesia (mun kriditna macet, RI pasti ripuh
> kabgean akibatna). Eta ongkos egke diganti ku RI mangrupa barang hasil ngala
> (emas, minyak, naon wae). Hasil bersihna kakara dibagi antawis RI jeung nu
> ngala, mn minyak RI 85%, NU ngala 15%. RI meunang pajeg Pausahaan anu gedena
> 46% tina Revenue oge. ETa minyak teu meunang di aku kunu ngala, tapi tetep
> bobogaan RI, harga jual ditetepkeun ku RI make mekanisme ICP (Indonesian
> Crude Price)..
>
> Naha urang Indo jarang daek usaha minyak ? gede resiko na , gede duitna,
> mun gagal langsung malarat loba hutang ! KUlantaran parjanjian jeung
> pamarentah dina tahap neangan (eksplorasi) sagala ongkos KAGAGALAN neangn
> minyak ditanggung kunu ngala ! Hag siah ! Cnto mun urang rek ngali sumur
> minayk dilaut ongkosna $85/sumur. Mun eu hasil. nya rasakeun wae...rugi
> siah...RI teu nanggung. Ari pausahaan Asing mah waranian...luhur
> elmuna...loba duitna leungit duit $ 500 juta oge...ah hampang....Kunaon ?
> Kulantaran upami ahsil ageung nya kauntungan tina bagian 15% cekap
> ageungna....eta mah kumaha ageung cadanganna wae.
>
> Ayeuna pamerentah Irak rek ngembangakeun lapangan minyak di Irak Selatan
> deukuet basra..cenah cadanganna nepi ka 340 Milyard barrel ( ayeuna haga
> $70/barrel). Irak ngondang pausahaan aksasa Asing...lain rek ngajual minyak
> tapi rek ngengkenkeun NGALA Minyak..Anu diondang Exxon, Halliburton,
> Chevron, CNNOC (China), Elf (perancis), Technip, Mc Dermot
>
> Moammar Khadafi ngala minyakna dikengenkeun ka Sonatrach pausahaan
> Perancis..mesra2 wae ti baheula...teu ngagandeng Amerika....Kumaha mun di
> Indo mun diala sorangan ? Mun boga dit alus. tapi teu ngajamin mun teu di
> KORUPSI. Di pausahaan Asing mah tong boro korupsi..ngabohong oge bisa
> kaluar..!
>
>  On 4/21/09, irpan rispandi <[email protected]> wrote:
>>
>>
>>
>> Nuhun keterangana pa Haji,
>> kuring jadi nyaho ayeuna mah.
>>
>> ngan sanajan kitu, naha atuh bangsa urang teh anu cenah beunghar,
>> kieu-kieu wae?
>> Salian ti korupsi, kapanan geus puguh harta bangsa urang teh dipalingan ku
>> bangsa deungeun nga-atas namakeun perusahaan Asing nu cenah murni bisnis.
>>
>>
>>
>>
>> H Surtiwa wrote:
>>
>>  Hanjakal sanes kitu mekanisme na....Sistimna sistim Frnchise...mayar ti
>> heula kana hak patent..eta anu asup kaluar ngreg teh...hasil usaha laun eta
>> restoran boga kang Irpan..nya asup atuh kana kantong sorangan....anu
>> disyaratkeun ngan kwalitas..jeung rasa kudu saru jeung aslina...Nyatanya
>> usaha Franchise leuwih nguntungkeun kanu ngajalaneun asal payu wae...intina
>> kdu payu...lamun henteu eta mayar Franchise na mubazir....
>>
>> Usaha emas minyak gas mah..jajauheun sareng anu diterangken ku kang
>> Irpan..tebih pisan..RI can pernah ngajual SDA na ! tepi ka ayeuna oge can
>> pernah..kulantaran dilarang ku UUD 45 ! KUanon atuh loba pausahaan asing nya
>> ? tah didinya Kai, Minyak, Emas teh benten sareng jambu batu anu tinggal
>> ngala...tapi kedah aya modal kanggo ngala....Tah modal kanggo ngala ieu
>> pamarentah RI anu teu boga ..pangusaha nasional oge ngan hiji dua (bakrie
>> jeung Medco hungkul, eta oge nginjeum sabagian ka Bank !)....terus panjang
>> teuing nyarioskeunana...engke dismbung mun keur teu ari....ERta minyak anu
>> aya di Duri boga saha..Boga pamarentah RI alias boga rakyat Indonesia...
>> Harga minyakna ditetepkeun ku RI..ICP...
>>
>>  On 4/21/09, irpan rispandi <[email protected]> wrote:
>>>
>>>
>>>
>>> Kang Bohay,
>>> hiji mangsa babaturan kuring kacilakaan tina motor. jempol suku anu
>>> katuhu ngaplek. ceuk dokter moal bisa disambungkeun deui. sanajan
>>> dipaksakeun disambung oge, moal nyambung kalahka buruk, anu ahirna infeksi.
>>> dina kaayaan kitu, daek teu daek eta jempol suku dikorbankeun, sabab
>>> lamun dipertahankeun oge kalahka ngaruksak kana bagian awak anu sejen.
>>>
>>> Restoran luar negri, make hayam jeung pagawe dalam negri.
>>> misalna itung-itungan sederhanana kieu:
>>> - menu restoran saporsi hargana 10.000,-. tah anu sapuluh rebu tea, 2000
>>> keur mayar gajih karyawan, 2000 keur meuli hayam. 1000 keur pajak. anu 5000
>>> disetorkeun ka luar negri.
>>>
>>> lamun bangsa indonesia boga emas, kai, minyak bumi, batu bara, jrrd,
>>> kabehanana hargana 1.000.000 eun, misalna.
>>>
>>> Terus eta anu sajuta teh dipake balanja di restoran luar negri tea nepi
>>> ka beak. berarti 200.000 balik deui ka bangsa urang, mangrupa gajih
>>> karyawan. 200.000 balik deui ka peternak, 100.000 balik deui ka nagara
>>> mangrupa pajak. tapi anu 500.000,- jadi milik luar negri.
>>>
>>> tah sanggeus anu 1.000.000 tea beak, berarti bangsa indonesia kari boga
>>> duit 500.000,-. kabutuhan beuteung tetep jalan, berarti urang balanja deui
>>> ka restoran luar negri tea, nepi ka beak anu lima ratus rebu teh.
>>>
>>> sanggeus 500.000 beak, engke bangsa indonesia kari boga duit 250.000,-,
>>> dibalanjakeun deui ka restoran luar negri, kari 125.000, jeung saterusna
>>> nepi ka beak pisan.
>>>
>>> nah lo....
>>> geus teu boga duit rek kumaha?
>>>
>>>
>>>
>>>
>>>
>>>
>>> Reka "Bohay" wrote:
>>>
>>>  Hayang ngilu ngobrol... :D
>>>
>>> Kadang butuh euy tempat dahar jiga Mek Di teh, atawa fast food sejenna.
>>> Contona kamari keur di Bali, kuring rada hese neangan kadaharan anu
>>> halal.
>>> Nya daripada hariwang, asup weh ka Mek Di, soalna geus aya standar halal.
>>>
>>> Oge di jabar jeung jakarta, supplier daging hayam jang ka Mek Di teh
>>> pasantren nu boga usaha di widang peternakan.
>>> Bareto mah supplierna teh di daerah cihaurbeuti Tasik, teuing naon ngaran
>>> pasantrenna.
>>>
>>> Si Mek Di sanggup mere harga "premium" ka peternak.
>>>
>>> -Bohay-
>>>
>>>  2009/4/20 mh <[email protected]>
>>>
>>>>
>>>>
>>>> ieu pangalaman pribadi nya.
>>>> terus terang upama keur indit-inditan, kapaksa warung nu sok jadi
>>>> pilihan teh,
>>>> warung waralaba, jiga mc.d jeung nu lianna. naon masalahna? kusabab
>>>> hargana
>>>> warung jiga kitu mah standar dimana-mana, moal kabelejog. beda misalna
>>>> upama
>>>> di perjalanan milih model warteg, sok mindeng kabelejog, hargana ampun
>>>> pisan.
>>>> ieu teh pangalaman di sababaraha kota, boh jakarta, jogja, oge surabaya.
>>>> (mh)
>>>>
>>>> 2009/4/20 waluya2006 <[email protected] <waluya2006%40yahoo.co.id>
>>>> >:
>>>>
>>>> >> Kang Iman <firman.raha...@...> wrote:
>>>> >> Tapi naha lamun warung sunda mah sok mahal nya ?!
>>>> >> geus baleunghar kitu ?
>>>> >
>>>> > Da bahanna mah tetep we mahal ...hehehe, bade dipasak ala amrik atawa
>>>> ala sunda oge. Restoran tradisional (baca: Sunda) ayeuna konsumenna kelas
>>>> menengah, jadi hargana ge lumayan mahal. Di Bandung aya resto-resto Sunda 
>>>> nu
>>>> jadi tempat bergengsi, jauh ngaleuwihan resto-resto warabala Amrik nu
>>>> konsumenna rata-rata budak leutik atawa ABG ...
>>>> >
>>>> > Nu aneh di Bandung Warteg teu pati laku, beda jeung di jakarta. Urang
>>>> Tegal di Bandung biasana jaradi tukang nasi goreng nu didorong-dorong ....
>>>> >
>>>> > Baktosna,
>>>> > WALUYA
>>>> >
>>>> >
>>>> >
>>>>  > ------------------------------------
>>>>
>>>
>>>
>>
>>
>
>  
>

Kirim email ke