Hanjakal sanes kitu mekanisme na....Sistimna sistim
Frnchise...mayar ti heula kana hak patent..eta anu asup kaluar
ngreg teh...hasil usaha laun eta restoran boga kang Irpan..nya
asup atuh kana kantong sorangan....anu disyaratkeun ngan
kwalitas..jeung rasa kudu saru jeung aslina...Nyatanya usaha
Franchise leuwih nguntungkeun kanu ngajalaneun asal payu
wae...intina kdu payu...lamun henteu eta mayar Franchise na
mubazir....
Usaha emas minyak gas mah..jajauheun sareng anu diterangken ku
kang Irpan..tebih pisan..RI can pernah ngajual SDA na ! tepi ka
ayeuna oge can pernah..kulantaran dilarang ku UUD 45 ! KUanon
atuh loba pausahaan asing nya ? tah didinya Kai, Minyak, Emas teh
benten sareng jambu batu anu tinggal ngala...tapi kedah aya modal
kanggo ngala....Tah modal kanggo ngala ieu pamarentah RI anu teu
boga ..pangusaha nasional oge ngan hiji dua (bakrie jeung Medco
hungkul, eta oge nginjeum sabagian ka Bank !)....terus panjang
teuing nyarioskeunana...engke dismbung mun keur teu ari....ERta
minyak anu aya di Duri boga saha..Boga pamarentah RI alias boga
rakyat Indonesia... Harga minyakna ditetepkeun ku RI..ICP...
On 4/21/09, *irpan rispandi* <[email protected]
<mailto:[email protected]>> wrote:
Kang Bohay,
hiji mangsa babaturan kuring kacilakaan tina motor. jempol
suku anu katuhu ngaplek. ceuk dokter moal bisa disambungkeun
deui. sanajan dipaksakeun disambung oge, moal nyambung
kalahka buruk, anu ahirna infeksi.
dina kaayaan kitu, daek teu daek eta jempol suku
dikorbankeun, sabab lamun dipertahankeun oge kalahka
ngaruksak kana bagian awak anu sejen.
Restoran luar negri, make hayam jeung pagawe dalam negri.
misalna itung-itungan sederhanana kieu:
- menu restoran saporsi hargana 10.000,-. tah anu sapuluh
rebu tea, 2000 keur mayar gajih karyawan, 2000 keur meuli
hayam. 1000 keur pajak. anu 5000 disetorkeun ka luar negri.
lamun bangsa indonesia boga emas, kai, minyak bumi, batu
bara, jrrd, kabehanana hargana 1.000.000 eun, misalna.
Terus eta anu sajuta teh dipake balanja di restoran luar
negri tea nepi ka beak. berarti 200.000 balik deui ka bangsa
urang, mangrupa gajih karyawan. 200.000 balik deui ka
peternak, 100.000 balik deui ka nagara mangrupa pajak. tapi
anu 500.000,- jadi milik luar negri.
tah sanggeus anu 1.000.000 tea beak, berarti bangsa indonesia
kari boga duit 500.000,-. kabutuhan beuteung tetep jalan,
berarti urang balanja deui ka restoran luar negri tea, nepi
ka beak anu lima ratus rebu teh.
sanggeus 500.000 beak, engke bangsa indonesia kari boga duit
250.000,-, dibalanjakeun deui ka restoran luar negri, kari
125.000, jeung saterusna nepi ka beak pisan.
nah lo....
geus teu boga duit rek kumaha?
Reka "Bohay" wrote:
Hayang ngilu ngobrol... :D
Kadang butuh euy tempat dahar jiga Mek Di teh, atawa fast
food sejenna.
Contona kamari keur di Bali, kuring rada hese neangan
kadaharan anu halal.
Nya daripada hariwang, asup weh ka Mek Di, soalna geus aya
standar halal.
Oge di jabar jeung jakarta, supplier daging hayam jang ka
Mek Di teh pasantren nu boga usaha di widang peternakan.
Bareto mah supplierna teh di daerah cihaurbeuti Tasik,
teuing naon ngaran pasantrenna.
Si Mek Di sanggup mere harga "premium" ka peternak.
-Bohay-
2009/4/20 mh <[email protected] <mailto:[email protected]>>
ieu pangalaman pribadi nya.
terus terang upama keur indit-inditan, kapaksa warung nu
sok jadi pilihan teh,
warung waralaba, jiga mc.d jeung nu lianna. naon
masalahna? kusabab hargana
warung jiga kitu mah standar dimana-mana, moal
kabelejog. beda misalna upama
di perjalanan milih model warteg, sok mindeng kabelejog,
hargana ampun pisan.
ieu teh pangalaman di sababaraha kota, boh jakarta,
jogja, oge surabaya.
(mh)
2009/4/20 waluya2006 <[email protected]
<mailto:waluya2006%40yahoo.co.id>>:
>> Kang Iman <firman.raha...@...> wrote:
>> Tapi naha lamun warung sunda mah sok mahal nya ?!
>> geus baleunghar kitu ?
>
> Da bahanna mah tetep we mahal ...hehehe, bade dipasak
ala amrik atawa ala sunda oge. Restoran tradisional
(baca: Sunda) ayeuna konsumenna kelas menengah, jadi
hargana ge lumayan mahal. Di Bandung aya resto-resto
Sunda nu jadi tempat bergengsi, jauh ngaleuwihan
resto-resto warabala Amrik nu konsumenna rata-rata budak
leutik atawa ABG ...
>
> Nu aneh di Bandung Warteg teu pati laku, beda jeung di
jakarta. Urang Tegal di Bandung biasana jaradi tukang
nasi goreng nu didorong-dorong ....
>
> Baktosna,
> WALUYA
>
>
>
> ------------------------------------