Punteun,supados raoas nyungkeun pidu'a na supados eteh ngagaduhan RM
SUNDA,eteh janji lah khusus kanggo US bakal eteh mirah keun.
Janji eteh mah tiasa di percanteun margi eteh sanes CALEG!!!!!!
________________________________
From: irpan rispandi <[email protected]>
To: [email protected]
Sent: Tuesday, April 21, 2009 10:30:42 AM
Subject: Re: [Urang Sunda] Warteg yes!, Mc Setar Baks no!
Kang Bohay,
hiji mangsa babaturan kuring kacilakaan tina motor. jempol suku anu
katuhu ngaplek. ceuk dokter moal bisa disambungkeun deui. sanajan
dipaksakeun disambung oge, moal nyambung kalahka buruk, anu ahirna
infeksi.
dina kaayaan kitu, daek teu daek eta jempol suku dikorbankeun, sabab
lamun dipertahankeun oge kalahka ngaruksak kana bagian awak anu sejen.
Restoran luar negri, make hayam jeung pagawe dalam negri.
misalna itung-itungan sederhanana kieu:
- menu restoran saporsi hargana 10.000,-. tah anu sapuluh rebu tea,
2000 keur mayar gajih karyawan, 2000 keur meuli hayam. 1000 keur pajak.
anu 5000 disetorkeun ka luar negri.
lamun bangsa indonesia boga emas, kai, minyak bumi, batu bara, jrrd,
kabehanana hargana 1.000.000 eun, misalna.
Terus eta anu sajuta teh dipake balanja di restoran luar negri tea nepi
ka beak. berarti 200.000 balik deui ka bangsa urang, mangrupa gajih
karyawan. 200.000 balik deui ka peternak, 100.000 balik deui ka nagara
mangrupa pajak. tapi anu 500.000,- jadi milik luar negri.
tah sanggeus anu 1.000.000 tea beak, berarti bangsa indonesia kari boga
duit 500.000,-. kabutuhan beuteung tetep jalan, berarti urang balanja
deui ka restoran luar negri tea, nepi ka beak anu lima ratus rebu teh.
sanggeus 500.000 beak, engke bangsa indonesia kari boga duit 250.000,-,
dibalanjakeun deui ka restoran luar negri, kari 125.000, jeung
saterusna nepi ka beak pisan.
nah lo....
geus teu boga duit rek kumaha?
Reka "Bohay" wrote:
Hayang ngilu ngobrol... :D
Kadang butuh euy tempat dahar jiga Mek Di teh, atawa fast food sejenna.
Contona kamari keur di Bali, kuring rada hese neangan kadaharan anu
halal.
Nya daripada hariwang, asup weh ka Mek Di, soalna geus aya standar
halal.
Oge di jabar jeung jakarta, supplier daging hayam jang ka Mek Di teh
pasantren nu boga usaha di widang peternakan.
Bareto mah supplierna teh di daerah cihaurbeuti Tasik, teuing naon
ngaran pasantrenna.
Si Mek Di sanggup mere harga "premium" ka peternak.
-Bohay-
2009/4/20 mh <khs...@gmail. com>
ieu pangalaman pribadi nya.
terus terang upama keur indit-inditan, kapaksa warung nu sok jadi
pilihan teh,
warung waralaba, jiga mc.d jeung nu lianna. naon masalahna? kusabab
hargana
warung jiga kitu mah standar dimana-mana, moal kabelejog. beda misalna
upama
di perjalanan milih model warteg, sok mindeng kabelejog, hargana ampun
pisan.
ieu teh pangalaman di sababaraha kota, boh jakarta, jogja, oge surabaya.
(mh)
2009/4/20 waluya2006 <waluya2...@yahoo. co.id>:
>> Kang Iman <firman.raharja@ ...> wrote:
>> Tapi naha lamun warung sunda mah sok mahal nya ?!
>> geus baleunghar kitu ?
>
> Da bahanna mah tetep we mahal ...hehehe, bade dipasak ala amrik
atawa ala sunda oge. Restoran tradisional (baca: Sunda) ayeuna
konsumenna kelas menengah, jadi hargana ge lumayan mahal. Di Bandung
aya resto-resto Sunda nu jadi tempat bergengsi, jauh ngaleuwihan
resto-resto warabala Amrik nu konsumenna rata-rata budak leutik atawa
ABG ...
>
> Nu aneh di Bandung Warteg teu pati laku, beda jeung di jakarta.
Urang Tegal di Bandung biasana jaradi tukang nasi goreng nu
didorong-dorong ....
>
> Baktosna,
> WALUYA
>
>
>
> ------------ --------- --------- ------