Kawenehan,
di gudang manggih naskah ngeunaan kawung, aya tilu, nyaeta babad kawung Baduy,
Galuh, jeung Cimahi. Berkah. Meh kabeh unsur tina kawung kaalap mangpaatna: 
ruyungna dipake pananggeuy imah jeung barera paranti
ninun, hatena dijieun sagu, akarna dijieun pecut, pakangna keur tali useup,
balukangna keur suluh, injukna keur wuwung imah, atawa hateup, harupatna sok
dijieun kalam atawa dijualan di tukang rampe, kulit palapahna dijieun
karinding, nyerena dijieun sapu nyere, daunna dipake udud, langgarina dijieun
iteuk, cangkalengna didahar mun bulan puasa, atawa dijieun ujian keur
barang-barang emas perak. Malah Potensi etanol dari
aren nepi ka 20.160 liter/ha/tahun, pangreana dibandingkeun jeung sampeu, hui, 
tiwu, atawa gebang - 

Melakna kudu toweksa cenah, make jangjawokan sagala rupa, kawas: 'hol dongkok 
bijil montok', jrrd. Cikan nu gaduh impormasi ngeunaan kawung, alungkeun ka 
dieu. Korea katelah Nagara Ginseng, urang ge nyieun bae Nagri Kawung. 


Baktos
AG



      

Kirim email ke