nu kawentar ruyung teh oge keur pakarang, paragi ngababuk lawan.
numatak aya dongeng sunda nu judulna 'si ruyung kawung'.

upama keur ngadongeng soal tatangkalan, sok mindeng manggih tulisan
nu netelakeun yen cenah tangkal anu mah kaarah sagalana. terus ditataan
ti a nepi ka z. teuing maksudna mah meureun keur netelakeun kumaha
pentingna eta tangkal keur kapereluan manusa. padahal mah, kabeh tangkal
naon wae oge bakal sarua jiga kitu. hehehe.

geura toong tangkal kalapa, bakal jiga kawung oge.tunggulna keur nyengcle,
tangkalna keur tihang imah atawa cukang peupeuntasan, dawegana keur
ubar hanaang,
kalapa kolotna keur minyak jeung bumbu masak, batokna keur cangkir
atawa keur areng.
humutna keur lalab jeung sayur. barangbangna keur suluh atawa sapu nyere.

(mh)

2009/6/15 A Gunawan <[email protected]>:
>
>
> Kawenehan, di gudang manggih naskah ngeunaan kawung, aya tilu, nyaeta babad
> kawung Baduy, Galuh, jeung Cimahi. Berkah. Meh kabeh unsur tina kawung
> kaalap mangpaatna: ruyungna dipake pananggeuy imah jeung barera paranti
> ninun, hatena dijieun sagu, akarna dijieun pecut, pakangna keur tali useup,
> balukangna keur suluh, injukna keur wuwung imah, atawa hateup, harupatna sok
> dijieun kalam atawa dijualan di tukang rampe, kulit palapahna dijieun
> karinding, nyerena dijieun sapu nyere, daunna dipake udud, langgarina
> dijieun iteuk, cangkalengna didahar mun bulan puasa, atawa dijieun ujian
> keur barang-barang emas perak. Malah Potensi etanol dari aren nepi ka 20.160
> liter/ha/tahun, pangreana dibandingkeun jeung sampeu, hui, tiwu, atawa
> gebang -
>
> Melakna kudu toweksa cenah, make jangjawokan sagala rupa, kawas: 'hol
> dongkok bijil montok', jrrd. Cikan nu gaduh impormasi ngeunaan kawung,
> alungkeun ka dieu. Korea katelah Nagara Ginseng, urang ge nyieun bae Nagri
> Kawung.
>
> Baktos
>
> AG
>
>
>
> 

Kirim email ke