mun nitenan dongeng kolot di lembur nu ilahar disadap mah baheula mah kawung. asana kabiasaan nyadap kalapa mah anyar keneh. enya cenah ritual nyadap teh baheula mah loba unak-anikna. nu matak teu heran, taya pabrik gula kawung baheula mah, da ukur ngandelkeun kanyaah alam. aya lahangan disadap, teu aya nya pasrah, hehehe. (mh)
2009/6/16 A Gunawan <[email protected]>: > > > Ari masalah pembibitanna kumaha? Enya kitu mang MH, kalapa oge tangtu sarua > kaalap mangpaatna. Ngan ari kawung mah, aya ajen nu ararahengan kitu nya? Da > loba pantranganana, upamana, teu meunang dibalikeun arah nyanghareup binihna > nu asal tai careuh, matak buntut. Barudak sakola jaman Walanda, sina marelak > kawung, lain kalapa, malah asup dina buku pangajaran sagala. Kawung jadi > inspirasi oge keur Wahyu Wibisana nyieun carpon 'Kawung Ratu'. Ceuk dina > naskah kuno 'mulah nurunkeun sadapan sakalih', (ulah nyokot hanca garapan > batur), sadapan geus jadi idiom pikeun pakasaban. Naha dina jaman heubeul > eta, nu disadap teh kawung atawa kalapa nya? > > AG > > > > ________________________________ > From: ua duq <[email protected]> > To: [email protected] > Sent: Monday, June 15, 2009 11:09:54 PM > Subject: Re: [Urang Sunda] Kawung Luwang Liwung > > cobi gentos kawung ku sunda, lain sunda ka kalapa. cop, ciples pisan > > haha > > :) > > 2009/6/15 mh <khs...@gmail. com> >> >> >> nu kawentar ruyung teh oge keur pakarang, paragi ngababuk lawan. >> numatak aya dongeng sunda nu judulna 'si ruyung kawung'. >> >> upama keur ngadongeng soal tatangkalan, sok mindeng manggih tulisan >> nu netelakeun yen cenah tangkal anu mah kaarah sagalana. terus ditataan >> ti a nepi ka z. teuing maksudna mah meureun keur netelakeun kumaha >> pentingna eta tangkal keur kapereluan manusa. padahal mah, kabeh tangkal >> naon wae oge bakal sarua jiga kitu. hehehe. >> >> geura toong tangkal kalapa, bakal jiga kawung oge.tunggulna keur nyengcle, >> tangkalna keur tihang imah atawa cukang peupeuntasan, dawegana keur >> ubar hanaang, >> kalapa kolotna keur minyak jeung bumbu masak, batokna keur cangkir >> atawa keur areng. >> humutna keur lalab jeung sayur. barangbangna keur suluh atawa sapu nyere. >> >> (mh) >> >> 2009/6/15 A Gunawan <rotan...@yahoo. com>: >> >> > >> > >> > Kawenehan, di gudang manggih naskah ngeunaan kawung, aya tilu, nyaeta >> > babad >> > kawung Baduy, Galuh, jeung Cimahi. Berkah. Meh kabeh unsur tina kawung >> > kaalap mangpaatna: ruyungna dipake pananggeuy imah jeung barera paranti >> > ninun, hatena dijieun sagu, akarna dijieun pecut, pakangna keur tali >> > useup, >> > balukangna keur suluh, injukna keur wuwung imah, atawa hateup, harupatna >> > sok >> > dijieun kalam atawa dijualan di tukang rampe, kulit palapahna dijieun >> > karinding, nyerena dijieun sapu nyere, daunna dipake udud, langgarina >> > dijieun iteuk, cangkalengna didahar mun bulan puasa, atawa dijieun ujian >> > keur barang-barang emas perak. Malah Potensi etanol dari aren nepi ka >> > 20.160 >> > liter/ha/tahun, pangreana dibandingkeun jeung sampeu, hui, tiwu, atawa >> > gebang - >> > >> > Melakna kudu toweksa cenah, make jangjawokan sagala rupa, kawas: 'hol >> > dongkok bijil montok', jrrd. Cikan nu gaduh impormasi ngeunaan kawung, >> > alungkeun ka dieu. Korea katelah Nagara Ginseng, urang ge nyieun bae >> > Nagri >> > Kawung. >> > >> > Baktos >> > >> > AG >> > >> ,___ > > > -- > d-: dudi herlianto :-q > ~nyoba ngilu ngabauan dunya~ > uaduq.co.cc > > > >

