Heuheuheu... Sok atuh lah, Dit... Uing nyumbang digitalisasi 300 rebueun (atawa jejegkeun sabaraha jepreteun), bae lah sakali-kali jatah susu budak dicoceng, ditungguan di Lab ayeuna sore. Lain embung kaluar, geus sababaraha poe ngohkoh. Wayahna can bisa nyumbang gede, kabeneran can beunghar... Sakalian rek ngalanggan majalah Balebat, lin? Awas siah mun embung...
2009/6/16 A Gunawan > Kamari-kamari ku Kang Kumi kungsi diasongkeun ka Milis, kumaha lajuning > laku kana naskah bulukan tea. Nepi ka kiwari teu kaambeu hiliwir-hiliwirna > acan. Kabehdieukeun obrolan-obrolan di Millis (sok sanajan teu jadi sual) > rereana ngulikbek dina wacana, dina uteuk nu biheung kataekan. Tanggah > teuing ka sadapan, bari teu tungkul kana jukut. Bawirasa hade mun dieuyeuban > ku ideu-ideu nu ngajurung kana gawe prak anu bisa ngahudangkeun deui 'hodam' > milis nu nuju tilem. > -- sikandar kumincir.blogspot.com su.wikipedia.org www.urangsunda.or.id

