kolot kuring, pa inotji jeung pa eman, kungsi ngadongeng, dipenta
bongbolonganna ku bupati bogor naon nu bisa dijadikeun 'kenang-kenangan'
keur wali salasahiji kota di cina nu rek dianjangan. dua kolot kuring teh
nyebut kawung! duka tah naha eta bongbolongan teh diturut bupati henteuna
mah :)

tah saterusna mah rek nanya, ngeunaan sagu kawung, aya teu carita dina
naskah tea ngeunaan kagunaan si sagu eta. naha cara urang wetan nu
ngajadikeun sagu salaku kadaangan pokokna? atawa kumaha?

nuhun, salam ti pangeusi kota kawung, bogor tea

duq!

2009/6/15 A Gunawan <[email protected]>

>
>
>  Kawenehan, di gudang manggih naskah ngeunaan kawung, aya tilu, nyaeta
> babad kawung Baduy, Galuh, jeung Cimahi. Berkah. Meh kabeh unsur tina kawung
> kaalap mangpaatna: ruyungna dipake pananggeuy imah jeung barera paranti
> ninun, hatena dijieun sagu, akarna dijieun pecut, pakangna keur tali useup,
> balukangna keur suluh, injukna keur wuwung imah, atawa hateup, harupatna sok
> dijieun kalam atawa dijualan di tukang rampe, kulit palapahna dijieun
> karinding, nyerena dijieun sapu nyere, daunna dipake udud, langgarina
> dijieun iteuk, cangkalengna didahar mun bulan puasa, atawa dijieun ujian
> keur barang-barang emas perak. Malah Potensi etanol dari aren nepi ka
> 20.160 liter/ha/tahun, pangreana dibandingkeun jeung sampeu, hui, tiwu,
> atawa gebang -
>
> Melakna kudu toweksa cenah, make jangjawokan sagala rupa, kawas: 'hol
> dongkok bijil montok', jrrd. Cikan nu gaduh impormasi ngeunaan kawung,
> alungkeun ka dieu. Korea katelah Nagara Ginseng, urang ge nyieun bae Nagri
> Kawung.
>
>
> Baktos
>
> AG
>
>  
>



-- 
d-: dudi herlianto :-q
~nyoba ngilu ngabauan dunya~
uaduq.co.cc

Kirim email ke