Salila digawe di PNRI, nu kasebutna inohong (mun tea mah inohong) nu 
ngalongokan Naskah Sunda kuno teh duaan, Pa Ajip jeung Wa Hasan Wahyu. Najan 
tos sarepuh, energina lain bantrak-bantrakeun. Komo Pa Ajip, diasongan artikel 
'heuheureuyan' ngeunaan naskah, teu nyangka, diedit ku anjeunna nepi ka bubuk 
leutikna. Dieditna make patlot, malah mah naskah editan teh dianteurkeun deui 
ka dieu ngaliwatan kurir. Perkara eusi naskah jeung tarjamahan kuring kana 
naskah mah, teu diedit. Jigana kaweruh anjeunna kana naskah kuno teu jiga 
kaweruhna kana sastra Sunda kabehdieunakeun. Tapi, ku kitu ge katingali kumaha 
karancagean nu kagungan Yayasan Kabudayaan Rancage, da enya rancage, copelna 
keur sakuringeun.  Cenah mah Pa Ajip ahir Juli rek ngalongok deui ka dieu. 
Kacida bungahna mun tea mah jadi.
Kamari-kamari ku Kang Kumi kungsi diasongkeun ka Milis, kumaha lajuning laku 
kana naskah bulukan tea. Nepi ka kiwari teu kaambeu hiliwir-hiliwirna acan. 
Kabehdieukeun obrolan-obrolan di Millis (sok sanajan teu jadi sual) rereana 
ngulikbek dina wacana, dina uteuk nu biheung kataekan. Tanggah teuing ka 
sadapan, bari teu tungkul kana jukut. Bawirasa hade mun dieuyeuban ku ideu-ideu 
nu ngajurung kana gawe prak anu bisa ngahudangkeun deui 'hodam' milis nu nuju 
tilem. 

Baktos
AG



      

Kirim email ke