Kamari hampura teu kaditu, ka Bekasi ngalongok dulur nu orokan. Siap! sore ieu 
jigana mah bisa. 
Der ah, wang keureuyeuh, ngan ulah ari nepi ka ngurbankeun jatah susu budak 
mah, nggeus mah ku bapana, ayeuna meureun ku .... 
Saban naon nu geus dikeureuyeuh, baraya di Millis tangtuna dibejaan.

Cup
AG



________________________________
From: Kumincir Wikidisastra <[email protected]>
To: [email protected]
Sent: Tuesday, June 16, 2009 3:41:19 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] Hebatna Ajip Rosidi





Heuheuheu... Sok atuh lah, Dit... Uing nyumbang digitalisasi 300 rebueun (atawa 
jejegkeun sabaraha jepreteun), bae lah sakali-kali jatah susu budak dicoceng, 
ditungguan di Lab ayeuna sore. Lain embung kaluar, geus sababaraha poe ngohkoh. 
Wayahna can bisa nyumbang gede, kabeneran can beunghar... Sakalian rek 
ngalanggan majalah Balebat, lin? Awas siah mun embung... 


2009/6/16 A Gunawan

Kamari-kamari
> ku Kang Kumi kungsi diasongkeun ka Milis, kumaha lajuning laku kana naskah 
> bulukan tea. Nepi ka kiwari teu kaambeu hiliwir-hiliwirna acan. Kabehdieukeun 
> obrolan-obrolan di Millis (sok sanajan teu jadi sual) rereana ngulikbek dina 
> wacana, dina uteuk nu biheung kataekan. Tanggah teuing ka sadapan, bari teu 
> tungkul kana jukut. Bawirasa hade mun dieuyeuban ku ideu-ideu nu ngajurung 
> kana gawe prak anu bisa ngahudangkeun deui 'hodam' milis nu nuju tilem.

-- 
sikandar
kumincir.blogspot. com
su.wikipedia. org
www.urangsunda. or.id

   


      

Kirim email ke