kumha damang kang?ngiring icikibung kang di kusnet.



________________________________
From: ednugraha <[email protected]>
To: [email protected]
Sent: Monday, August 31, 2009 12:48:36 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] ajaran kabantenan, nu kumaha?

  
manawi tiasa cobi diupload ka urangsunda alasan MUI ngaharamkeun debus teh naon 
wae nya kang detailna...

manawi..

nuhun.

--- In urangsu...@yahoogro ups.com, "diantn" <dian.nugraha@ ...> wrote:
>
> Panginten peryogi diemut oge, fatwa-fatwa MUI teh khusus kanggo umat Islam. 
> Tangtos dicindekna fatwa teh tina informasi nu aya dibandingkeun sareng Quran 
> / Sunnah Nabi. MUI oge biasana tara ngaluarkeun fatwa saupami taya nu 
> naroskeun mah. Ngimpleng sudut pandang MUI, lamun aya jalmi nu naroskeun ka 
> aranjeunna perkawis hiji masalah, tangtos peryogi diwaler.
> 
> Kenging maca koran sakolebat, MUI banten ngadadasarkeun fatwa debus haram 
> pedah 'kasenian debus teh ayana ngaliwatan bantuan jin'. Dupi perkawis 
> dibantuan ku jin eta teh leres atanapi henteu? Pami lepat, panginten peryogi 
> aya nu masihan terang ka MUI nyalira kumaha-kumahana ari debus teh.
> 
> Perkawis ngaben di Bali, salami anu ngajalankeunana sanes umat Islam mah abdi 
> yakin MUI moal komentar nanaon.
> 
> Baktos,
> Dian.
> 
> --- In urangsu...@yahoogro ups.com, engkus ruswana <engkusruswana@ > wrote:
> >
> > Hatur nuhun atuh wartana kang Dian, oge ka MJ, mung kahoyong 
> > mah...kahoyong. .. MUI teh ulah sok lebt ngatur fatwa nu aya kaitan sareng 
> > budaya lokal, margi tangtos bakal benten paugeranana, margi aya kecap ciri 
> > sabumi cara sadesa tea. Atuh tangtos pami teu pakem ngeremna bakal seueur 
> > nilai-nilai atanapi budaya lokal nu bakal diharamkeun. Contona : ngukus, 
> > larungan, jaipongan, ngawayang, ngaben di Bali, jsb. tiasa bae kapayun 
> > bakal diharamkeun. Bawiraos simkuring mah urus bae diri sorangan, da can 
> > tangtu nu ngaluarkeun fatwa teh tos leres dina ngajalankeun kamanusaanana, 
> > kilangbara dugi kana kaGustianana mah. 
> > 
> > pun tabe nun
> > 
> > Engkus   
> >
>


   


      

Kirim email ke