sae sun...

tos lami teu ngiringan kusnet...mung teu nyangki icalan abdi aya nu 
ngarespon...janten ngapung deui..he.he.he

salam baktos nun.


--- In [email protected], shinda neng <wer...@...> wrote:
>
> kumha damang kang?ngiring icikibung kang di kusnet.
> 
> 
> 
> 
> ________________________________
> From: ednugraha <ednugr...@...>
> To: [email protected]
> Sent: Monday, August 31, 2009 12:48:36 PM
> Subject: Re: [Urang Sunda] ajaran kabantenan, nu kumaha?
> 
>   
> manawi tiasa cobi diupload ka urangsunda alasan MUI ngaharamkeun debus teh 
> naon wae nya kang detailna...
> 
> manawi..
> 
> nuhun.
> 
> --- In urangsu...@yahoogro ups.com, "diantn" <dian.nugraha@ ...> wrote:
> >
> > Panginten peryogi diemut oge, fatwa-fatwa MUI teh khusus kanggo umat Islam. 
> > Tangtos dicindekna fatwa teh tina informasi nu aya dibandingkeun sareng 
> > Quran / Sunnah Nabi. MUI oge biasana tara ngaluarkeun fatwa saupami taya nu 
> > naroskeun mah. Ngimpleng sudut pandang MUI, lamun aya jalmi nu naroskeun ka 
> > aranjeunna perkawis hiji masalah, tangtos peryogi diwaler.
> > 
> > Kenging maca koran sakolebat, MUI banten ngadadasarkeun fatwa debus haram 
> > pedah 'kasenian debus teh ayana ngaliwatan bantuan jin'. Dupi perkawis 
> > dibantuan ku jin eta teh leres atanapi henteu? Pami lepat, panginten 
> > peryogi aya nu masihan terang ka MUI nyalira kumaha-kumahana ari debus teh.
> > 
> > Perkawis ngaben di Bali, salami anu ngajalankeunana sanes umat Islam mah 
> > abdi yakin MUI moal komentar nanaon.
> > 
> > Baktos,
> > Dian.
> > 
> > --- In urangsu...@yahoogro ups.com, engkus ruswana <engkusruswana@ > wrote:
> > >
> > > Hatur nuhun atuh wartana kang Dian, oge ka MJ, mung kahoyong 
> > > mah...kahoyong. .. MUI teh ulah sok lebt ngatur fatwa nu aya kaitan 
> > > sareng budaya lokal, margi tangtos bakal benten paugeranana, margi aya 
> > > kecap ciri sabumi cara sadesa tea. Atuh tangtos pami teu pakem ngeremna 
> > > bakal seueur nilai-nilai atanapi budaya lokal nu bakal diharamkeun. 
> > > Contona : ngukus, larungan, jaipongan, ngawayang, ngaben di Bali, jsb. 
> > > tiasa bae kapayun bakal diharamkeun. Bawiraos simkuring mah urus bae diri 
> > > sorangan, da can tangtu nu ngaluarkeun fatwa teh tos leres dina 
> > > ngajalankeun kamanusaanana, kilangbara dugi kana kaGustianana mah. 
> > > 
> > > pun tabe nun
> > > 
> > > Engkus   
> > >
> >
>


Kirim email ke