sami kang di Semarang oge ayeunamah tos loba nu ngarana nyokot ngaran jawa barat : Jiga cianjur, Sumedang, Bandung. Tah kamari pisan tas ngadon dahar di Saung Sumedang anu menuna teh lauk mas jeung sambel tarasi. cucimulutna ku karedok. meni ngahimbel kang. Nu bogana urang sumedang tapi nu gawena urang Jepara jeung Solo.
jangdede 2009/11/2, Waluya <[email protected]>: > > > > Geus lila kuring tara ngaliwat deui jalan Balikpapan-Samarinda-Bontang, > lamun teu salah mah pangakhirna teh taun 2003. Tah minggu kamari kuring > ngaliwat deui. Pohara kagetna di daerah "Bukit Soeharto" aya rumah makan > gede di sisi jalan aranna "Tahu Sumedang". Da baheula mah asa teu nempo aya > restoran eta. Kulantaran lapar jeung supir mobil nyarankeun istirahat > didinya, nya eureun, ngadon istirihat didinya. Sanajan kuring urang > Sumedang, kana tahu mah teu bosen-bosen ..hehehe, ngeremus we dibarengan > jeung lontong. Tahuna ngeunah ngan tetep teu sangeunah tahu Sumedang "asli" > di Sumedang. > > Nu ngalayan diajak ngomong Sunda, nembalan ku basa Sunda deui. Barang > ditanya urang mana, jawabna teh urang Sumedang, ti Ketib cenah. Rek tatanya > loba, maranehna keur pakepuk ngalayanan nu sejen. Maklum poe Minggu loba nu > jalan-jalan. Waktu mayar rada ngagebeg, harga tahu teh mahal pisan, > dibanding jeung tahu sumedang di tempat "asli"na. Tapi muji oge, aya batur > salembur, ngumbara, buka usaha terus sukses bari mawaan batur salemburna > digarawe. > > Ari sugan teh tukang tahu sumedang teh ngan eta wungkul, har .. geuning aya > sababaraha hiji, boh di Jalan Balikpapan-Samarinda, atawa oge di Kota > Samarinda, tembus ka Jalan Samarinda-Bontang, tepi ka kota Bontangna pisan. > Nu usahana ge jalmana beda-beda, ngan nu pasti urang Sumedang. > > Jadi mikir, ti iraha urang Sumedang jadi lalampar kitu dina usaha, nurutan > "dulur"na nu geus tiheula lalampar dina usaha: urang Tasik, nu kawentar jadi > tukang kridit kamana-mana? Sakanyaho kuring, baheula mah urang Sumedang nu > ngumbara teh biasana ukur pagawe formal (PNS/Pulisi/tantara/ BUMN) lain nu > ngadon usaha informal kitu. Tapi ayeuna mah geus beda geuning. Hiji > perubahan sikep anu alus, teu eleh ti etnis sejen saperti urang Padang nu > usaha rumah makan dimana-mana ... > > Baktos, > WALUYA > > >

