On 1/15/10, mh <khs...@gmail.com> wrote: > Nyawang baheula keur diajar ngaderes, ari ngejah teh jiga kieu unina: > alif jabar a, alif jeer i, alif pees u, a - i - u. Teu pernah aya > rasa kapanasaran, kunaon sababna ari ngejah teh siga kitu. Nya > dilakonan we ngaguluyur nuturkeun nu ilahar harita. > > Aya rasa kapanasaran soal ngejah teh, waktu uing geus ka Bandung. > Pedah harita aya balad urang Cirebon keur ngawuruk ngaderes ka anak > tatangga. Ari si eta, ngejahna teh jiga kieu: alif fatah a, alif > kasrah i, alif dhomah u, a - i - u. Naha geuning beda, ceuk pikir uing > teh. Tapi ieu kapanasaran teh teu jadi papanjanga, ti harita pleng we > kapopohokeun. > > Ngan jigana wae eta kapanasaran teh karekam, ka bawah sadar ingetan > uing. Nalika uing ngangkelung di sagara maya, manggih raratan, nu > jigana patali jeung asal muasal penyebar Islam di lembur urang. > > Tah ayeuna uing rek survey, cing baraya inget-nget, nalika dia diajar > ngaderes make cara nu mana, diantara ieu: > > 1. alif jabar a, alif jeer i, alif pees u, a - i - u. > 2. alif fatah a, alif kasrah i, alif dhomah u, a - i - u > > Ngarah bisa noong sebaranana, cing terangkeun panalek ieu: > > 3. di wewengkon mana dia dumuk jeung diajar ngaders. > > nuhun > -mh- >
-- Jalak Banten (JB)