Kang Juanaedi, Mh sami disi-kuring oge nuju diajar ngaji teh ngangge anu nomer 
hiji barijeung teu apal - apal oge hayoweh alif - alifan nepi ka saroeh bukuna 
oge

 wassalam:


Rusdi Yunus
Rakyat subang gotong royong subang maju




________________________________
From: junaedi mahlani <junaedi_mahl...@yahoo.com>
To: urangsunda@yahoogroups.com
Sent: Friday, January 15, 2010 11:20:41
Subject: Re: [Urang Sunda] Ngaderes - A-Ba-Ta?

  
Ari sim kuring mah anu No. hiji mang.
Mang Ujang, urang Subang anu ngawurukan teh.
Harita kuring masih di Cilember-Cimahi, salain manehna aya deui K. Dedi Mulyadi 
anu harita katelah Ajengan Anom ti Tasik.
 
Can aya Iqro, masih keneh mushaf alif-alifan anu kelir beureum semu coklat.
 
salam,
JMA

--- On Fri, 1/15/10, mh <khs...@gmail. com> wrote:


>From: mh <khs...@gmail. com>
>Subject: [Urang Sunda] Ngaderes - A-Ba-Ta?
>To: "Ki Sunda" <kisu...@yahoogroups .com>, "Baraya Sunda" <baraya_sunda@ 
>yahoogroups. com>, "Urang Sunda" <urangsu...@yahoogro ups.com>
>Date: Friday, January 15, 2010, 1:51 AM
>
>
>  
>Nyawang baheula keur diajar ngaderes, ari ngejah teh jiga kieu unina:
>alif jabar a, alif jeer i, alif pees u, a - i - u. Teu pernah aya
>rasa kapanasaran, kunaon sababna ari ngejah teh siga kitu. Nya
>dilakonan we ngaguluyur nuturkeun nu ilahar harita.
>
>Aya rasa kapanasaran soal ngejah teh, waktu uing geus ka Bandung.
>Pedah harita aya balad urang Cirebon keur ngawuruk ngaderes ka anak
>tatangga. Ari si eta, ngejahna teh jiga kieu: alif fatah a, alif
>kasrah i, alif dhomah u, a - i - u. Naha geuning beda, ceuk pikir uing
>teh. Tapi ieu kapanasaran teh teu jadi papanjanga, ti harita pleng we
>kapopohokeun.
>
>Ngan jigana wae eta kapanasaran teh karekam, ka bawah sadar ingetan
>uing. Nalika uing ngangkelung di sagara maya, manggih raratan, nu
>jigana patali jeung asal muasal penyebar Islam di lembur urang.
>
>Tah ayeuna uing rek survey, cing baraya inget-nget, nalika dia diajar
>ngaderes make cara nu mana, diantara
> ieu:
>
>1. alif jabar a, alif jeer i, alif pees u, a - i - u.
>2. alif fatah a, alif kasrah i, alif dhomah u, a - i - u
>
>Ngarah bisa noong sebaranana, cing terangkeun panalek ieu:
>
>3. di wewengkon mana dia dumuk jeung diajar ngaders.
>
>nuhun
>-mh-
> 

 


      New Email names for you! 
Get the Email name you&#39;ve always wanted on the new @ymail and @rocketmail. 
Hurry before someone else does!
http://mail.promotions.yahoo.com/newdomains/aa/

Kirim email ke