Oge di sakuliyah Garut dina umumnya. Limbangan,Wanaraja, Sukawening Cibatu jrrd, make metoda nomer 1.
________________________________ Dari: mh <khs...@gmail.com> Kepada: Ki Sunda <kisu...@yahoogroups.com>; Baraya Sunda <baraya_su...@yahoogroups.com>; Urang Sunda <urangsunda@yahoogroups.com> Terkirim: Jum, 15 Januari, 2010 10:04:02 Judul: [Urang Sunda] Re: Ngaderes - A-Ba-Ta? Hasil survey sementara jigana didominasi jabar-jeer-pees. Aya nu menarik, mucunghul dua cara ngejah sejen: no 3 jeung 4. Hasilna kieu geura: 1. alif jabar a, alif jeer i, alif pees u, a - i - u mh: leuwigoong, garut siddik: cianjur kidul suryadi: situraja, sumedang roro: wado, garut jalak banten: cikupa, tanggerang wawan: ciwidey, bandung junaedi: subang; cilember-cimahi; tasik nana: maja, majalengka 2. alif fatah a, alif kasrah i, alif dhomah u, a - i – u siddik: cianjur kidul roro: batawi (guru jawa) 3. alif atas a, alif bawah i, alif depan u, a - i - u roro: batawi 4. alif jabar a, alif kajer i, alif kapes u: a - i - u nana: argapura, majalengka Ka baraya sejenna sok geura tambahan. Sugan pareng, isukan urang sambung naon nu kapanggih ku uing di jagat maya. nuhun, -mh- 2010/1/15 mh <khs...@gmail. com>: > Nyawang baheula keur diajar ngaderes, ari ngejah teh jiga kieu unina: > alif jabar a, alif jeer i, alif pees u, a - i - u. Teu pernah aya > rasa kapanasaran, kunaon sababna ari ngejah teh siga kitu. Nya > dilakonan we ngaguluyur nuturkeun nu ilahar harita. > > Aya rasa kapanasaran soal ngejah teh, waktu uing geus ka Bandung. > Pedah harita aya balad urang Cirebon keur ngawuruk ngaderes ka anak > tatangga. Ari si eta, ngejahna teh jiga kieu: alif fatah a, alif > kasrah i, alif dhomah u, a - i - u. Naha geuning beda, ceuk pikir uing > teh. Tapi ieu kapanasaran teh teu jadi papanjanga, ti harita pleng we > kapopohokeun. > > Ngan jigana wae eta kapanasaran teh karekam, ka bawah sadar ingetan > uing. Nalika uing ngangkelung di sagara maya, manggih raratan, nu > jigana patali jeung asal muasal penyebar Islam di lembur urang. > > Tah ayeuna uing rek survey, cing baraya inget-nget, nalika dia diajar > ngaderes make cara nu mana, diantara ieu: > > 1. alif jabar a, alif jeer i, alif pees u, a - i - u. > 2. alif fatah a, alif kasrah i, alif dhomah u, a - i - u > > Ngarah bisa noong sebaranana, cing terangkeun panalek ieu: > > 3. di wewengkon mana dia dumuk jeung diajar ngaders. > > nuhun > -mh- > Bersenang-senang di Yahoo! Messenger dengan semua teman. Tambahkan mereka dari email atau jaringan sosial Anda sekarang! http://id.messenger.yahoo.com/invite/