Ari sim kuring mah anu No. hiji mang. Mang Ujang, urang Subang anu ngawurukan teh. Harita kuring masih di Cilember-Cimahi, salain manehna aya deui K. Dedi Mulyadi anu harita katelah Ajengan Anom ti Tasik. Can aya Iqro, masih keneh mushaf alif-alifan anu kelir beureum semu coklat. salam, JMA
--- On Fri, 1/15/10, mh <khs...@gmail.com> wrote: From: mh <khs...@gmail.com> Subject: [Urang Sunda] Ngaderes - A-Ba-Ta? To: "Ki Sunda" <kisu...@yahoogroups.com>, "Baraya Sunda" <baraya_su...@yahoogroups.com>, "Urang Sunda" <urangsunda@yahoogroups.com> Date: Friday, January 15, 2010, 1:51 AM Nyawang baheula keur diajar ngaderes, ari ngejah teh jiga kieu unina: alif jabar a, alif jeer i, alif pees u, a - i - u. Teu pernah aya rasa kapanasaran, kunaon sababna ari ngejah teh siga kitu. Nya dilakonan we ngaguluyur nuturkeun nu ilahar harita. Aya rasa kapanasaran soal ngejah teh, waktu uing geus ka Bandung. Pedah harita aya balad urang Cirebon keur ngawuruk ngaderes ka anak tatangga. Ari si eta, ngejahna teh jiga kieu: alif fatah a, alif kasrah i, alif dhomah u, a - i - u. Naha geuning beda, ceuk pikir uing teh. Tapi ieu kapanasaran teh teu jadi papanjanga, ti harita pleng we kapopohokeun. Ngan jigana wae eta kapanasaran teh karekam, ka bawah sadar ingetan uing. Nalika uing ngangkelung di sagara maya, manggih raratan, nu jigana patali jeung asal muasal penyebar Islam di lembur urang. Tah ayeuna uing rek survey, cing baraya inget-nget, nalika dia diajar ngaderes make cara nu mana, diantara ieu: 1. alif jabar a, alif jeer i, alif pees u, a - i - u. 2. alif fatah a, alif kasrah i, alif dhomah u, a - i - u Ngarah bisa noong sebaranana, cing terangkeun panalek ieu: 3. di wewengkon mana dia dumuk jeung diajar ngaders. nuhun -mh-