Ki Hasan, ieu uing Asep Juarna, urang lembur Desa jeung Kacamatan Mangunreja 
Kabupaten Tasikmalaya.

Di lembur mah make jabar, jeer, pees. Teu beda jeung Garut, lin?

Salam,
AJ

--- On Tue, 1/19/10, jangdede <jangd...@gmail.com> wrote:

From: jangdede <jangd...@gmail.com>
Subject: Re: [Urang Sunda] Ngaderes - A-Ba-Ta?
To: urangsunda@yahoogroups.com
Date: Tuesday, January 19, 2010, 10:02 PM







 



  


    
      
      
      Sikuring make kasroh, domah, jeung fatah.
Kuring tileuleutik ngaderes, jeung ngejah teh dipapatahan ku kolot si kuring di 
Budiharja - Cikoneng - Ciamis.
 
Jiganamah eta nu ilahar teh.
Tapi da sanggeus kuring gede, kuring ngawuruk ngaji di Kota Ciamis gening make 
PS jeung jeer!

 
2010/1/15, Siddik Wiradireja <cikund...@yahoo. com>:

  








pangalaman sim kuring mah, di pakidulan Cianjur
No. 1 biasa dianggo di langgar/tajug/ masjid
No. 2 biasa dianggo di madrasyah ibtidaiyah
 
ssw
http://cikundul3. multiply. com

Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda

Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda


mh <khs...@gmail. com>   

Nyawang baheula keur diajar ngaderes, ari ngejah teh jiga kieu unina:
alif jabar a, alif jeer i, alif pees u, a - i - u. Teu pernah aya
rasa kapanasaran, kunaon sababna ari ngejah teh siga kitu. Nya
dilakonan we ngaguluyur nuturkeun nu ilahar harita.


Aya rasa kapanasaran soal ngejah teh, waktu uing geus ka Bandung.
Pedah harita aya balad urang Cirebon keur ngawuruk ngaderes ka anak
tatangga. Ari si eta, ngejahna teh jiga kieu: alif fatah a, alif
kasrah i, alif dhomah u, a - i - u. Naha geuning beda, ceuk pikir uing

teh. Tapi ieu kapanasaran teh teu jadi papanjanga, ti harita pleng we
kapopohokeun.

Ngan jigana wae eta kapanasaran teh karekam, ka bawah sadar ingetan
uing. Nalika uing ngangkelung di sagara maya, manggih raratan, nu

jigana patali jeung asal muasal penyebar Islam di lembur urang.

Tah ayeuna uing rek survey, cing baraya inget-nget, nalika dia diajar
ngaderes make cara nu mana, diantara ieu:

1. alif jabar a, alif jeer i, alif pees u, a - i - u.

2. alif fatah a, alif kasrah i, alif dhomah u, a - i - u

Ngarah bisa noong sebaranana, cing terangkeun panalek ieu:

3. di wewengkon mana dia dumuk jeung diajar ngaders.

nuhun
-mh-
 






    
     

    
    


 



  






      

Kirim email ke