Sikuring make kasroh, domah, jeung fatah.
Kuring tileuleutik ngaderes, jeung ngejah teh dipapatahan ku kolot si kuring
di Budiharja - Cikoneng - Ciamis.

Jiganamah eta nu ilahar teh.
Tapi da sanggeus kuring gede, kuring ngawuruk ngaji di Kota Ciamis gening
make PS jeung jeer!


2010/1/15, Siddik Wiradireja <cikund...@yahoo.com>:
>
>
>
>   pangalaman sim kuring mah, di pakidulan Cianjur
> No. 1 biasa dianggo di langgar/tajug/masjid
> No. 2 biasa dianggo di madrasyah ibtidaiyah
>
> ssw
> http://cikundul3.multiply.com
> *Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda*
> *Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda*
>
>
> *mh <khs...@gmail.com>*
> Nyawang baheula keur diajar ngaderes, ari ngejah teh jiga kieu unina:
> alif jabar a, alif jeer i, alif pees u, a - i - u. Teu pernah aya
> rasa kapanasaran, kunaon sababna ari ngejah teh siga kitu. Nya
> dilakonan we ngaguluyur nuturkeun nu ilahar harita.
>
> Aya rasa kapanasaran soal ngejah teh, waktu uing geus ka Bandung.
> Pedah harita aya balad urang Cirebon keur ngawuruk ngaderes ka anak
> tatangga. Ari si eta, ngejahna teh jiga kieu: alif fatah a, alif
> kasrah i, alif dhomah u, a - i - u. Naha geuning beda, ceuk pikir uing
> teh. Tapi ieu kapanasaran teh teu jadi papanjanga, ti harita pleng we
> kapopohokeun.
>
> Ngan jigana wae eta kapanasaran teh karekam, ka bawah sadar ingetan
> uing. Nalika uing ngangkelung di sagara maya, manggih raratan, nu
> jigana patali jeung asal muasal penyebar Islam di lembur urang.
>
> Tah ayeuna uing rek survey, cing baraya inget-nget, nalika dia diajar
> ngaderes make cara nu mana, diantara ieu:
>
> 1. alif jabar a, alif jeer i, alif pees u, a - i - u.
> 2. alif fatah a, alif kasrah i, alif dhomah u, a - i - u
>
> Ngarah bisa noong sebaranana, cing terangkeun panalek ieu:
>
> 3. di wewengkon mana dia dumuk jeung diajar ngaders.
>
> nuhun
> -mh-
>
>
> 
>

Kirim email ke