Hasil survey sementara jigana didominasi jabar-jeer-pees. Aya nu
menarik, mucunghul dua cara ngejah sejen: no 3 jeung 4.

Hasilna kieu geura:

1. alif jabar a, alif jeer i, alif pees u, a - i - u

mh: leuwigoong, garut
siddik: cianjur kidul
suryadi: situraja, sumedang
roro: wado, garut
jalak banten: cikupa, tanggerang
wawan: ciwidey, bandung
junaedi: subang; cilember-cimahi; tasik
nana: maja, majalengka

2. alif fatah a, alif kasrah i, alif dhomah u, a - i – u

siddik: cianjur kidul
roro: batawi (guru jawa)

3. alif atas a, alif bawah i, alif depan u, a - i - u

roro: batawi

4. alif jabar a, alif kajer i, alif kapes u: a - i - u

nana: argapura, majalengka

Ka baraya sejenna sok geura tambahan.

Sugan pareng, isukan urang sambung naon nu kapanggih ku uing di jagat maya.

nuhun,
-mh-

2010/1/15 mh <khs...@gmail.com>:
> Nyawang baheula keur diajar ngaderes, ari ngejah teh jiga kieu unina:
> alif jabar a, alif jeer i, alif pees u, a - i  - u. Teu pernah aya
> rasa kapanasaran, kunaon sababna ari ngejah teh siga kitu. Nya
> dilakonan we ngaguluyur nuturkeun nu ilahar harita.
>
> Aya rasa kapanasaran soal ngejah teh, waktu uing geus ka Bandung.
> Pedah harita aya balad urang Cirebon keur ngawuruk ngaderes ka anak
> tatangga. Ari si eta, ngejahna teh jiga kieu: alif fatah a, alif
> kasrah i, alif dhomah u, a - i - u. Naha geuning beda, ceuk pikir uing
> teh. Tapi ieu kapanasaran teh teu jadi papanjanga, ti harita pleng we
> kapopohokeun.
>
> Ngan jigana wae eta kapanasaran teh karekam, ka bawah sadar ingetan
> uing. Nalika uing ngangkelung di sagara maya, manggih raratan, nu
> jigana patali jeung asal muasal penyebar Islam di lembur urang.
>
> Tah ayeuna uing rek survey, cing baraya inget-nget, nalika dia diajar
> ngaderes make cara nu mana, diantara ieu:
>
> 1. alif jabar a, alif jeer i, alif pees u, a - i  - u.
> 2. alif fatah a, alif kasrah i, alif dhomah u, a - i - u
>
> Ngarah bisa noong sebaranana, cing terangkeun panalek ieu:
>
> 3. di wewengkon mana dia dumuk jeung diajar ngaders.
>
> nuhun
> -mh-
>

Kirim email ke