Kulantaran Teh Nenen ngadongeng jurig, tah kuring oge ngiring ngacapruk perkawis "species" para jurig nu aya di Tatar Sunda (paling henteu di lembur kuring). Nu paling kasohor, diantara para jurig, jeung paling sering dicarioskeun ku manusa di Tatar Sunda, teu aya deui ....Kunti (kuntiLanak). Kapercayaan di lembur kuring, cenah mah kunti teh asalna ti awewe nu maot ngajuru. Nu matak jaman baheula lamun aya nu ngajuru, di kolong imahna sok dipalakiahan ( imah baheula mah imah panggung) supaya kunti teu ngaganggu nu keur ngajuru. Kunti oge sok digambarkeun tonggongna bolong jeung kadang- kadang sok salin rupa jadi entog nu sorana ....hos....hos..... Tapi entog nu tadina kunti, lamun rek ditewak, hiber ngagarapak nagajuahan dibarengan ku sora awewe nu seuri cicirihilan.
"Species" Jurig nu kadua, disebutna teh ririwa/ memendi. Ririwa teh roh nu maot tapi janten marakayangan. Karesep ririwa, nyingsieunan manusa. Jiga ngawuran keusik di kuburan atawa ngeundeuk-ngeundeuk tatangkalan tengah peuting upama manusa ngaliwat ka "lembur"na ririwa. Di lembur kuring aya deui, jurig nu disebutna teh kiciwis. Kiciwis biasana cicing dihandapeun tangkal nu gede. Upama urang nagliwat ka handapeun tangkal nu gede ti peuting, kiciwis sok ngagokan leumpang, tepi ka nu leumpang rundag-randeg, tambah kagok, engkena kiciwis ngagedean ....ngabelegbeg hideung, pikagilaeun. Di Lakbok Ciamis, salah sahiji bangsa dedemit teh disebut Onom. Nu ceuk cenah mah asal mulana ti manusa oge. Spesies jurig paragi nyingsieunan budak nu bangorna kacida, nepi ka ulin liwat maghrib disebutna sandekala atawa kelong. Kolot baheula lamun nitah budak ngampih ka imah lamun geus magrhib, sok disingsieunan, sieun sandekala atawa .....dirawu kelong. Ceuk beja, budak nu dirawu kelong, sok dibawa kana tempat nu nyingkur diteundeun dina dahan tangkal kai gede ( teu dicaritakeun bade dikumahakeuna mah tah ku kelong teh). Upami milarian budak nu dirawu kelong, nyandak obor bari tatakolan jeung gogorowokan ngageroan aran budak. Jigana kelongna kaweureun, ....budak nu dirawu teh sok kapendak. "Species" jurig di tatar Sunda oge, katambahan ku "jurig" impor. Bangsa Jin nu datang ti nagari "1001 malam". Dina Majalah Mangle kapungkur aya carita nyambung " Jin Keresek" nu ngaganggu pasantren Keresek di Cibatu Garut. Jin nu ngaganggu teh asalna ti Baghdad. Ieu Jin teh sapasang, panganten anyar keur "honeymoon" ka Indonesia. Ngan salahna maranehna ngajirim jadi oray terus asup ka bumi Mama Ajengan Keresek. Manusa tea atuh teu kaop ningali oray, langsung nyandak paneunggeul, oray digebug nepi ka penye. Tah Jin awewena pupus diteunggeul, tinggal Jin Lalakina nu teras ngaganggu di Keresek. Ku kabutuhan, bangsa jurig teh kapaksa ditambahan deui, diimpor ti Rumania(?), Dracula aranna. Tah ieu mah jurig hasil "globalisasi" ...hehehehe Cik baraya, sugan aya nu terang deui, "species" jurig naon wae nu aya di Tatar Sunda? Baktos, WALUYA http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/ [Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea] Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
