Assalaamu'alaikum,

Kahatur baraya sadaya,

Simkuring kuram-kirim naon bae, kaasup nu jadi bahasan di dieu lain
maksud rek ngocal-ngocal, ngaganggu kayakinan atawa ageman batur. Taya
lian, maksud teh pikeun muka wawasan bae, ngeunaan naon nu aya di
sabudeureun urang. Nya tangtuna (kusabab ieu mah milis urang Sunda)
kaasup naon (bae) nu jadi ageman urang Sunda, ti sumber mana bae nu
bisa kasungsi.

Sakitu bae anu kapihatur, mangga lajengkeun!

sikandar

---------- Forwarded message ----------
Asep Dedi Suhendra <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

Rahayu Kang....,

Haturan tepang sareng Sim Kuring Asep Oeking, wiwitan ti Ciwaruga,
Bandung, ayeuna nuju Ngalanglan di nageri deungeun-FL,USA.

Langkung ti payun sim kuring bade sanuk2,parantos tumorojog tanpa
rarapan, teu kirang sareng teu langkung bade nyuhunkeun dihapunten
bilih aya luhur bahe carek, dina mairan artikel dina ieu rohangan,
teu aya sanes sim kuring teh hoyong mungkas obrolan perkawis ieu anu
tos di padungdengkeun ku Kang kumincir, soalna masalah ieumah
masalah kayakinan ulah rek di parebutkeun, da ujung-ujungnateh bakal
lumpat kana kayakinan.

Didunya aya mangratus-ratus kayakinan anu nerap dina kahirupanana,
sumebar di tiap juru dunya ngan sababraha bae anu bisa dibedakeun,
anu niat hade jeung niat teu hade, carana nyebarna bari maksa jeung
teu maksa, kayakinan anu sok ngagogoreng kayakinan anu lian jeung
anu tara ngagogoreng, tah... tos ayeunamah urang pungkas bae
padungdengan ieu obrolan teh, satuju lah,... mangga bae urang silih
cepeng kayakinan masing2 kukalakuan nyata anu hade dina kahirupan,
ulah rek silih oleg kana kayakinan anu lian, da ari geus waktuna
rungkad caringin di buruan mah ngan iwal tikalakuan anu hade anu
bisa di andelkeun, iwal ti amal perbuatan, cag.. tutup lawang
sigotaka.

Hayu urang silaturahmi bae....
Baktos

Asep-Oeking-FL


PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke