ha999x! hi999x!hu999x!
he999x!ho999x!
heu...!heu....! heu........?
....jengker isuk...
hag siah!
cag ah!
he33x!
....oca tea...





--- On Thu, 10/23/08, richadiana kartakusuma <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
From: richadiana kartakusuma <[EMAIL PROTECTED]>
Subject: Re: Bls: [kisunda] Bendara Sunda Versi si kuring
To: [email protected]
Date: Thursday, October 23, 2008, 7:19 PM





gamparan
ulah samar kana babasan universal tea 
"the past is the key to the present" 
paing gampil weh...mun urang tumorojog lalandong ka dokter anu anyar wanoh 
harita keneh, seug si dokter sologoto ukur terang yen urang karaos gering ukur 
nyebatkeun "anu" weh... bari teu naroskeun atanapi marios riwayat pasien. Ujug2 
gejos bae disuntik, gebro dipasihan antibiotik penahan sakit penghilang 
nyeri... antukna si pasien teh sanes damang kalah paeh
 
pan aya paribasa ulah ka dokter Jawa (hapunten karuhun Jawa) nu karak diajar 
Sunda bari jeung komo praktek di tatar sunda tur pasien na teh NINI2 cameot 
(siga uing)....pokna teh:
 "ibhu...ibhu,,,, ieu ubhar nu ditelegh teh nya, ieu
langsung bae hontong asa-asa... soang utawa bherang-bherang
 iji
beurit iji, jengker isukan..."

isuk2 si NINI jengker langsung...emh karunya

Tabe pun
AMBU


 

From: dudi_ss <[EMAIL PROTECTED]>
To: [email protected]
Sent: Thursday, October 23, 2008 10:26:31 PM
Subject: Re: Bls: [kisunda] Bendara Sunda Versi si kuring










    
            


Kang Engkus,  anu panungtung anu mukakeun 
handeuleum teh pan urang-urang ieu, mung kudu sabar da puguh elmuna kakara nepi 
kadieu, pujangga teh ceuk babasaan baheula meuereun, da geuing ayeuna istilah 
eta teh ampir teu ka dangu deui. 
 
wassalam
dudi_ss
 

  ----- Original Message ----- 
  From: 
  engkus 
  ruswana 
  To: [EMAIL PROTECTED] .com 
  Sent: Thursday, October 23, 2008 1:30 
  PM
  Subject: Re: Bls: [kisunda] Bendara Sunda 
  Versi si kuring
  

  
  
  
    
    
      
        Ngiring mairan kang Ndud kang Ilen,
         
        Leres pisan eta teh numutkeun legenda lisan/tulisan nu dipercaya ku 
        para sepuh, Eta Cacarakan jeung taun Saka teh hasil kamotekaran 
        Daniswara (anak Dewata Cengkar), pikeun pangeling-ngeling sanggeus 
        manehna dibantu Jugulmuda berhasil ngarebut deui nagara Medang 
        Kamulyan nu dikawasaan ku Ajisaka (=Abu Syakya, asal ti 
        nagara Campa)  nu ngajabel nagara ti Dewata Cengkar ku alatan 
        tipu muslihat. Titi mangsa taun ka-1 na teh, diawitan ku 
        mangsa dijabelna nagara ku Ajisaka (Abu Syakya) tea, nu make 
        candrasangkala "Kunir Awuk Datan Dalu" (kun = ingsun = 1; nir = 
        kosong/leungit= 0; awuk = tipu-daya = 0; datan = teu 
        boga nanaon = 0; dalu = poek = 0) nu dibaca kana angka 
        00001.   
         
        Ti harita itungan taun SAKA jeung cacarakan "cenah" digunakeun jadi 
        taun jeung aksara nasional (di jamanna), tug nepi ka jaman Sultan 
        Agung, eta itungan pananggalan dirobah ku Sultan Agung nya 
        disebut jadi Taun Jawa (ayeuna eta tatanan taun ku Tm 
        Kalasunda Abah Ali & rengrengan kang Oca nuju diupayakeun 
        dikibarkeun deui nu aslina). 
         
        Ngan nya kitu tea kulantaran Cacarakan jeung taun Saka dipake 
        jeung dipimilik ku dulur ti Jawa, nya ahirna urang Sunda sorangan ge 
        ngaenyakeun, yen eta mah bobogaan urang Jawa. Nya jadi lapur atuh jiga 
        urang Sunda teu boga tatanan taun jeung "cacarakan" lain bobogaan 
        urang Sunda.
         
        Memang urang mibanda aksara KAGANGA, tapi can bisa dibuktikeun 
        CACARAKAN lain milik urang Sunda, komo deui mun dikaitkeun kana Carita 
        Parahyangan, naskah Wangsakerta, nu nganyatakeun yen nu ngababakan 
        ngadirikeun Mataram Kuno teh SANJAYA (ti Sunda), nu ngadirikeun 
        Majapahit teh Raden WIJAYA (anak Jayadarma) ti Sunda. Wajar mun hasil 
        budayana oge digunakeun, komo deui ketang sapulo Jawa harita memang 
        asup kakawasaan Galuh, jadi sok sanajan aya atawa dihasilkeun di 
        wewengkon jawa (ayeuna), nya hartina milik Sunda/Galuh 
keneh. 
         
        Memang legenda teh ku jaman ilmiah kiwari mah can bisa dinyatakeun 
        elmu atawa hiji kabeneran sajarah, tapi urang kudu surti yen memang 
        budaya baheula mah dina nurunkeun kanyaho teh lolobana liwat budaya 
        adat/tradisi, pantun, seni, legenda jsb. Ku kituna legenda bisa 
        dipake awitan pikeun nalungtik sacara ilmiah (hipotesa), sabab 
        budaya tulis-menulis kawates pisan nu makena. Nya mudah-mudahan 
        kahareup mah bakal loba nu kabuka eta tutungkusan warisan para pujangga 
        
         - nu diteundeun di handeuleum sieum, 
         - nu ditunda di hanjuang siang, sampeureun teundeun 
        piraweuy
         - nu dituruban ku mendepun jeung diwadahan ku mandelar
         - nu diamparan boeh larang jeung ditunda di bojong 
jalan
         - nu cenah bakal kapendak kunu ngaliwat.
         
        Tah cenah bakal dibukana oge ku para pujangga, ku nu rancage 
        dihate, barang dibuka pating haleuang pating daleungdang. Bakal 
        nimbulkeu rasa milawung kancana, loba nu hayang dilalkonkeun.
        
         
        Cag ah sakitu heula,
         pun tabe pun
         
        Engkus,

--- Pada Rab, 22/10/08, dudi_ss 
        <[EMAIL PROTECTED] com> menulis:

        Dari: 
          dudi_ss <[EMAIL PROTECTED] com>
Topik: Re: Bls: [kisunda] 
          Bendara Sunda Versi si kuring
Kepada: 
          [EMAIL PROTECTED] .com
Tanggal: Rabu, 22 Oktober, 2008, 8:06 
          PM


          
          
          
          atuh ari kitu mah moal burung "hurup 
          cacarakan" oge asalna ti urang nya, eta geuning Prabu Dewata 
          Cengakar-na aya di urang atuh Aji Saka-na ge aya, minangka titimangsa 
          di ngawitanana panggalan Saka, taun ka 78 masehi kitu? 
           
          wassalam
          dudi_ss
          
            ----- Original Message ----- 
            From: ilen kardani 
            To: [EMAIL PROTECTED] .com 
            Sent: Tuesday, October 21, 2008 
            2:08 PM
            Subject: Re: Bls: [kisunda] 
            Bendara Sunda Versi si kuring
            

            
            Juragan sadayana,
             
            Kuring kantos mairan ngeunaan bandera Sunda sababaraha waktos 
            kapengker pakait sareng pangeling-ngeling pananggalan taun Saka, 
            wirehna bandera anu kungsi dikelebetkeun di Galuh nyaeta bandera 
            Sura Suci anu nandaan balikna deui kakawasaan Galuh ka Prabu Dewata 
            Cengkar. Sura Suci ayeuna geus diterapkeun jadi Bandera Nasional , 
            jadi kudu reueus wirehna Bandera Urang Sunda geus dipake jadi 
simbol 
            nagara, oge disarengan ku dasar nagarana Pancasila... .......eta 
teh 
            nu Urang Sunda, kudu diampihan lamun embung diampihan 
            ku deungeun-deungeun balangbangan.
             
            Kuring mah era ku Sukarno anu sakitu tigin nyepeng pikukuh 
            karuhun Sunda.
            

            ----- 
            Original Message ----
From: Roza Rahmadjasa Mintaredja 
            <roza.kalasunda@ yahoo.com>
To: [EMAIL PROTECTED] 
            .com
Sent: Monday, October 20, 2008 6:15:22 PM
Subject: Re: 
            Bls: [kisunda] Bendara Sunda Versi si kuring


            
              
              
                bukti warna hideung sacara universal...
baju 
                  wasit sepak bola baheula hideung-hideung,
keputusan wasit, 
                  tetep!
teu bisa diganggu gugat...ok?
aya ogen di 
                  arsitektur/seni mah lambang dignity/wiwaha
ari 
                  baduy/kanekes geus puguh, tetep 
pondok teu meunangdipotong, 
                  
panjang teu meunang 
                  disambung
kabeh tetep pengkuh dina ajaranan
ngan 
                  pikiraneun teh...
naha bet sarua?
atawa aya nu mawa 
                  mimitina saha?
he33x!
....oca tea...

--- On 
                  Mon, 10/20/08, engkus ruswana <engkusruswana@ 
                  yahoo.com> wrote:

                  From: engkus 
                    ruswana <engkusruswana@ yahoo.com>
Subject: Bls: 
                    [kisunda] Bendara Sunda Versi si kuring
To: 
                    [EMAIL PROTECTED] .com
Date: Monday, October 20, 2008, 
                    2:23 AM


                    
                    
                      
                      
                        
                          Walaaaah.... ., baruk.... eta mah bandera Arab 
                          atuh asa kurang pantes mun jadi bandera Sunda, 
                          geura tingali bendera nagara Arab Saudi, 
                          kurang leuwih kitu. Teu aya saeutik ge warna 
                          palsapah sunda. Sakanyaho kuring hejo mah warna nu 
teu 
                          lumrah dipake keur nyimbulkeun 
                          palsapah Sunda, nu biasa mah beureum-koneng- 
                          bodas-hideung. Kade ah eta mah matak megatkeun 
                          duduluran jeung ngajadikeun Sunda heureut.
                           
                          Kang Tirta,
                          Leres kang, hideung-bodas teh warna nu biasa 
                          dipake ngalambangkeun lemah-cai, oge ngandung 
                          harti 'tetep dina kasucian' atawa bisa oge 
                          'katetapan ti nu Maha Suci', sabab hideung teh 
                          ngalambangkeun sipat/watek Tetep/kukuh/ pengkuh,
                          bodas ngalambangkeun sipat/watek suci. Tah 
                          matak dina wayang dilambangkeun kana 
                          Semar beungeut bodas badan hideung, nu hartina 
                          katetepan ti nu Maha Suci,nu mikareueus imahna 
sanajan 
                          butut di Karang Tumaritis (lemah cai nu ngarupakeun 
                          mandala tempatna nu naritis/sakabeh mahluk 
                          hirup).  Beda jeung Kresna kabeh awak 
                          jeung beungeutna hideung, sedeng Baladewa sagalana 
                          beureum.
                           
                          cag, rampes.
                           
                          Engkus nun, 
                          
 

  . 
 

      


        
        


      




      

Kirim email ke