Baraya, kamarana ieu teh komo Mang Hasan mah lamun uing diadu jeung Kang Ilen teh jigana kreprok pang tarikna jiga lalajo si-jelug keur diadu...
balesanana.. dihandap ditandaan ku warna bulao baelah.. ----- Original Message ----- From: ilen kardani To: [email protected] Sent: Wednesday, October 22, 2008 9:52 PM Subject: Re: Bls: [kisunda] Bendara Sunda Versi si kuring Leres pisan kang Dudi: - Cacarakan asalna ti Urang > Satuju > ngan urang kudu ngotektak deui bukti-buktina anu aya di prasati anu mana terus urang asupkeun deui ka unicode. - Bandera Sura Suci ti Urang > Satuju > tugas urang nambahan kudu neangan deui buktina - Taun Hiji Saka mimitina ti Urang > ieu ngait kana 'cacarakan' diluhur - Dasar Nagara asalna ti Urang > ti karuhun anu sarua (ti sumber anu sarua) sabab waktu harita aya sababaraha urang anu menekung hasilna sarua. - Tugu Monas diadegkeun di tapak Pajajaran - Sunda Kalapa > nya eta teu bisa disangkal tapi hal ieu teh alus keur urang atawa henteu. - Ibukota nagara RI, patilasan Pajajaran > sarua jeung nu bieu diluhur, ayeuna urang jadi lieur ngurus urban anu daratang ka tatar sunda, teu hormat. - Majapait dijieun jeung digedekeun ku Urang Sunda > satuju nganyakitu teu diaku ku maranehna. - Nusantara anu Urang - Pancanusa Sunda besar/kecil> satuju, nu matak urang dimimitian deui ti sundaland, dina jejer anu kamari. - Manusa pang kolotna aya di Urang > karuhun anu pangkolotna, tapi ngading kasaha jeung naon pihartieunana? - Elmu kamanusaan, kawalian, karasulan, ka-Allah-an geus ditamatkeun ku Urang Sunda baheula > kahareup oge dina wanda anu anyar. - Nu Maha Kawasa geus nyukupan kaperluan hirup Urang Sunda ti poe cikalna nepi ka poe bungsuna > satuju, kukituna tong haripet ku teuteureuyeun.. sesi ka-2 Naha era kunaon jadi Urang Sunda? > teu uing mah teu era, da batur ge nyarahoeun anu wawuh jeung uing yen uing orang sunda. Naha ngewa kunaon ka seler sejen (pangpangna Jawa)? > teu uing mah teu ngewa ka seler sejen, malah nge...(sensor) jeung urang jawa mah. Naha can sadar keneh kana kaluhungan Urang Sunda bihari? > nya atos atuh Kang, lamun diajak teu bener uing tara miluan, lamun pibeneren hayu. Sesi nu ka 3, ieu yeuh anu pika..... Naha moal dipake titinggal ti karuhun? > naha kudu dibabawa, da karuhuna anu sejenan ge teu mawa, anu hade bawa anu goreng tinggalkeun. Naha arek angger wae make pakean import? >naha ceuk saha teu meunang kitu, anu hade import anu goreng ulah. Naha arek diapeskeun wae kaluhungan Sunda teh ku urang? > puguh ieu ge keur metakeun kaluhungan sunda "leuleus jeujeur liat tali" Turutan Jepang jeung Cina >naha jadi kudu import ti jepang jeung ti cina da anu nyaho diri urang mah nga urang sorangan, dokter bae sok nanya ka uing pajakeun teh " naon anu karasa?" hartina dokter ge teu nyahoeun anu tu miba ka uing lamun teu dibejaan ku uing mah. anu pengkuh nyekel tatali paranti ti karuhuna, >ceuk saha puguh-puguh cevy disebut chery maranehna ge hayang buru-buru beunghar ngahalalkeun sagaka cara. matak maraju da bebas tina penjajahan lahir batin.> ceuk saha kitu, naha PM jepang mundur sangeus israel anu didukung amerika teu bisa ngabinasakeun hisbulloh dipalestin + PM inggris mundur + senat AS didominasi partei demokrat, ari di cina moal boa dulur kajajah kudulur atawa tatamgga, komo ari pejajahan bathin mah da saha anu nyaho atuh. Sakabeh nu ngapeskeun ka Urang Sunda teu leupas tina perhatian Urang Sunda sorangan, mun diantep hartina satuju kana naon-naon anu dicaritakeun ku nu sejen anu balukarna mawa apes ka urang keneh. >nu matak ulah nambahan ngaleutikan hate urang sunda, hayu urang jadi motivator keur bangsa sunda anu agung. Tong kaget lamun kahareup sakabeh kaluhungan Sunda kasebat di luhur diaku ku seler sejen da bongan urang embung mirosea. > moal nepi ka kitu asal urang apal ka kasundaan, anu mana sunda anu mana lain sok sanajan ngaku-ngaku sunda. Panungtung, kuring menta di hampura khusuna ka Kang Ilen anu dipihormat ku kuring, dikitukeun teh padah wae ka Kang Ilen mah geus masagi dina elmu kasundaan. wassalam dudi_ss ________________________________ From: dudi_ss atuh ari kitu mah moal burung "hurup cacarakan" oge asalna ti urang nya, eta geuning Prabu Dewata Cengakar-na aya di urang atuh Aji Saka-na ge aya, minangka titimangsa di ngawitanana panggalan Saka, taun ka 78 masehi kitu? .
