Leres pisan kang ndud, memang tugas urang-urang ayeuna pikeun muka-mukakeun, mung memang tutungkusan teh loba pisan, jadi tangtu saeutik-saeutik urang sarerea kudu muka-mukakeun, sok sanajan bari ngararaba. pun tabe nun Engkus,
--- Pada Kam, 23/10/08, dudi_ss <[EMAIL PROTECTED]> menulis: Dari: dudi_ss <[EMAIL PROTECTED]> Topik: Re: Bls: [kisunda] Bendara Sunda Versi si kuring Kepada: [email protected] Tanggal: Kamis, 23 Oktober, 2008, 10:26 PM Kang Engkus, anu panungtung anu mukakeun handeuleum teh pan urang-urang ieu, mung kudu sabar da puguh elmuna kakara nepi kadieu, pujangga teh ceuk babasaan baheula meuereun, da geuing ayeuna istilah eta teh ampir teu ka dangu deui. wassalam dudi_ss ----- Original Message ----- From: engkus ruswana To: [EMAIL PROTECTED] .com Sent: Thursday, October 23, 2008 1:30 PM Subject: Re: Bls: [kisunda] Bendara Sunda Versi si kuring Ngiring mairan kang Ndud kang Ilen, Leres pisan eta teh numutkeun legenda lisan/tulisan nu dipercaya ku para sepuh, Eta Cacarakan jeung taun Saka teh hasil kamotekaran Daniswara (anak Dewata Cengkar), pikeun pangeling-ngeling sanggeus manehna dibantu Jugulmuda berhasil ngarebut deui nagara Medang Kamulyan nu dikawasaan ku Ajisaka (=Abu Syakya, asal ti nagara Campa) nu ngajabel nagara ti Dewata Cengkar ku alatan tipu muslihat. Titi mangsa taun ka-1 na teh, diawitan ku mangsa dijabelna nagara ku Ajisaka (Abu Syakya) tea, nu make candrasangkala "Kunir Awuk Datan Dalu" (kun = ingsun = 1; nir = kosong/leungit= 0; awuk = tipu-daya = 0; datan = teu boga nanaon = 0; dalu = poek = 0) nu dibaca kana angka 00001. Ti harita itungan taun SAKA jeung cacarakan "cenah" digunakeun jadi taun jeung aksara nasional (di jamanna), tug nepi ka jaman Sultan Agung, eta itungan pananggalan dirobah ku Sultan Agung nya disebut jadi Taun Jawa (ayeuna eta tatanan taun ku Tm Kalasunda Abah Ali & rengrengan kang Oca nuju diupayakeun dikibarkeun deui nu aslina). Ngan nya kitu tea kulantaran Cacarakan jeung taun Saka dipake jeung dipimilik ku dulur ti Jawa, nya ahirna urang Sunda sorangan ge ngaenyakeun, yen eta mah bobogaan urang Jawa. Nya jadi lapur atuh jiga urang Sunda teu boga tatanan taun jeung "cacarakan" lain bobogaan urang Sunda. Memang urang mibanda aksara KAGANGA, tapi can bisa dibuktikeun CACARAKAN lain milik urang Sunda, komo deui mun dikaitkeun kana Carita Parahyangan, naskah Wangsakerta, nu nganyatakeun yen nu ngababakan ngadirikeun Mataram Kuno teh SANJAYA (ti Sunda), nu ngadirikeun Majapahit teh Raden WIJAYA (anak Jayadarma) ti Sunda. Wajar mun hasil budayana oge digunakeun, komo deui ketang sapulo Jawa harita memang asup kakawasaan Galuh, jadi sok sanajan aya atawa dihasilkeun di wewengkon jawa (ayeuna), nya hartina milik Sunda/Galuh keneh. Memang legenda teh ku jaman ilmiah kiwari mah can bisa dinyatakeun elmu atawa hiji kabeneran sajarah, tapi urang kudu surti yen memang budaya baheula mah dina nurunkeun kanyaho teh lolobana liwat budaya adat/tradisi, pantun, seni, legenda jsb. Ku kituna legenda bisa dipake awitan pikeun nalungtik sacara ilmiah (hipotesa), sabab budaya tulis-menulis kawates pisan nu makena. Nya mudah-mudahan kahareup mah bakal loba nu kabuka eta tutungkusan warisan para pujangga - nu diteundeun di handeuleum sieum, - nu ditunda di hanjuang siang, sampeureun teundeun piraweuy - nu dituruban ku mendepun jeung diwadahan ku mandelar - nu diamparan boeh larang jeung ditunda di bojong jalan - nu cenah bakal kapendak kunu ngaliwat. Tah cenah bakal dibukana oge ku para pujangga, ku nu rancage dihate, barang dibuka pating haleuang pating daleungdang. Bakal nimbulkeu rasa milawung kancana, loba nu hayang dilalkonkeun. Cag ah sakitu heula, pun tabe pun Engkus, --- Pada Rab, 22/10/08, dudi_ss <[EMAIL PROTECTED] com> menulis: Dari: dudi_ss <[EMAIL PROTECTED] com> Topik: Re: Bls: [kisunda] Bendara Sunda Versi si kuring Kepada: [EMAIL PROTECTED] .com Tanggal: Rabu, 22 Oktober, 2008, 8:06 PM atuh ari kitu mah moal burung "hurup cacarakan" oge asalna ti urang nya, eta geuning Prabu Dewata Cengakar-na aya di urang atuh Aji Saka-na ge aya, minangka titimangsa di ngawitanana panggalan Saka, taun ka 78 masehi kitu? wassalam dudi_ss ----- Original Message ----- From: ilen kardani To: [EMAIL PROTECTED] .com Sent: Tuesday, October 21, 2008 2:08 PM Subject: Re: Bls: [kisunda] Bendara Sunda Versi si kuring Juragan sadayana, Kuring kantos mairan ngeunaan bandera Sunda sababaraha waktos kapengker pakait sareng pangeling-ngeling pananggalan taun Saka, wirehna bandera anu kungsi dikelebetkeun di Galuh nyaeta bandera Sura Suci anu nandaan balikna deui kakawasaan Galuh ka Prabu Dewata Cengkar. Sura Suci ayeuna geus diterapkeun jadi Bandera Nasional , jadi kudu reueus wirehna Bandera Urang Sunda geus dipake jadi simbol nagara, oge disarengan ku dasar nagarana Pancasila... .......eta teh nu Urang Sunda, kudu diampihan lamun embung diampihan ku deungeun-deungeun balangbangan. Kuring mah era ku Sukarno anu sakitu tigin nyepeng pikukuh karuhun Sunda. ----- Original Message ---- From: Roza Rahmadjasa Mintaredja <roza.kalasunda@ yahoo.com> To: [EMAIL PROTECTED] .com Sent: Monday, October 20, 2008 6:15:22 PM Subject: Re: Bls: [kisunda] Bendara Sunda Versi si kuring bukti warna hideung sacara universal... baju wasit sepak bola baheula hideung-hideung, keputusan wasit, tetep! teu bisa diganggu gugat...ok? aya ogen di arsitektur/seni mah lambang dignity/wiwaha ari baduy/kanekes geus puguh, tetep pondok teu meunangdipotong, panjang teu meunang disambung kabeh tetep pengkuh dina ajaranan ngan pikiraneun teh... naha bet sarua? atawa aya nu mawa mimitina saha? he33x! ...oca tea... --- On Mon, 10/20/08, engkus ruswana <engkusruswana@ yahoo.com> wrote: From: engkus ruswana <engkusruswana@ yahoo.com> Subject: Bls: [kisunda] Bendara Sunda Versi si kuring To: [EMAIL PROTECTED] .com Date: Monday, October 20, 2008, 2:23 AM Walaaaah.... ., baruk.... eta mah bandera Arab atuh asa kurang pantes mun jadi bandera Sunda, geura tingali bendera nagara Arab Saudi, kurang leuwih kitu. Teu aya saeutik ge warna palsapah sunda. Sakanyaho kuring hejo mah warna nu teu lumrah dipake keur nyimbulkeun palsapah Sunda, nu biasa mah beureum-koneng- bodas-hideung. Kade ah eta mah matak megatkeun duduluran jeung ngajadikeun Sunda heureut. Kang Tirta, Leres kang, hideung-bodas teh warna nu biasa dipake ngalambangkeun lemah-cai, oge ngandung harti 'tetep dina kasucian' atawa bisa oge 'katetapan ti nu Maha Suci', sabab hideung teh ngalambangkeun sipat/watek Tetep/kukuh/ pengkuh, bodas ngalambangkeun sipat/watek suci. Tah matak dina wayang dilambangkeun kana Semar beungeut bodas badan hideung, nu hartina katetepan ti nu Maha Suci,nu mikareueus imahna sanajan butut di Karang Tumaritis (lemah cai nu ngarupakeun mandala tempatna nu naritis/sakabeh mahluk hirup). Beda jeung Kresna kabeh awak jeung beungeutna hideung, sedeng Baladewa sagalana beureum. cag, rampes. Engkus nun, . ___________________________________________________________________________ Yahoo! sekarang memiliki alamat Email baru. Dapatkan nama yang selalu Anda inginkan di domain baru @ymail dan @rocketmail. Cepat sebelum diambil orang lain! http://mail.promotions.yahoo.com/newdomains/id/
